Hidup Wanoja Sukabumi !!!

Hidup Wanoja Sunda !!!

Ari abdi mah geuningan campuran Sundareh (Sunda sawareh) Ari
rerencangan abdi ti Jawa tengah mah nyebut abdi teh Jawareh (Jawa
sawareh), aya deui rerencangan anu nyebat abdi Indoreh (Indonesia
sawareh) he..he..he.. kalah heboh siga gadoreh (gado-gado sawareh). 
Abdi lami tinggal didaerah Jawa, pas abdi mulih ka Kuningan,
rerencangan abdi soakkeun, lantaran bs. sunda abdi dak-dek-dok ceunah,
siga urang Jawa, atuh abdi teh kalah seuri. Atuda sasapoe nyarios Jawa
jadi sigana mah aksen jawa napel dibibir.  Teras abdi teh belajar
untuk menghilangkan logat jawa upami nuju nyarios Sunda, akhirna mah
dengan kerja keras abdi tiasa ngahapus logat jawa.  Sadaya kaluwarga
abdi tipihak mamah asli jawa (Semarang), ngan aya campur Walanda.  Ari
kaluwarga tipihak papa (Bapak) asli Kuningan, kulitna oge karoneng
he..he..he.. 

Hidup cewek Kuningan, sok harudang ulah melempeum teuing siga peuyem,
engke jadina peuyeumpuan ha..ha..

Baktos,
Nn

  







--- In [email protected], Maria Astati <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Kang Asep,
> 
> Siganamah, (bae nyalahan ge) si Kang Rusli ge uningaeun ka Neng
Happy mah, tatanggina keneh :-)))), leres teu kang Rusli? kamana eta
si Kang Rusli, ngerelep geuning...
> 
> Hidup wanoja Sukabumi!!! atuh da salami ieu teh imagena wanoja
sukabumi teh sok nu awonna wae..
> 
> Baktos,
> Maria
> 
>   ----- Original Message ----- 
>   From: Aasep 
>   To: [email protected] 
>   Sent: Monday, March 12, 2007 5:13 AM
>   Subject: [Baraya_Sunda] Hiduuup Sukabumi - Neng Heppy Salamina Uih
> 
> 
>   Teh M sareng Kang R,
>   Gaya euy... maca ti blog na rerencangan geuningan Neng Heppy
Salamina teh... tos nulis buku ayeuna mah... mani motekar si Eneng teh
nya ... keur mah geulis, imyut, pinter jeung motekar deuih, mani
kayungyun :D. Two Thumbs Up lah ka Neng Happy... mugia sing teras
heppy salamina.
> 
>   Judulna teh ceunah.... Uih alias pulang atanapi balik... mung bade
uih ka mana kitu ari Neng Heppy teh? Keun we atuuh ulah wara mikiran
uih... anggur sing jarambah lah... sakali-2 mah kedah nalaktak jeung
nerekel naek :D. Ke tos bosen tuak taek kakarak uih hehehe.
> 
>   Ngiring reueus ;)).
> 
>   Salam Heppy,
>   A
> 
>   [Non-text portions of this message have been removed]
> 
> 
> 
>    
> 
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]
>


Kirim email ke