Kang Rusli, Hehehe abdi mah milarian recehan sakedak sakedik Kang... kuli janten tukang macul milarian luang ti papada urang :). Pas Ujang Bush ka dieu mah abdi sibuk nga-du'a weh mugia sing aman tengtrem teu aya kajadian anu heboh kitu.
Euiiiiis sami geuning hobby teh :D... VOG manawi teh VOC hehehe. Enya atuh Kang sae pisan kedah aya mobil operational sareng mobil hobby ;)) Mobil operational pan kanggo mobilitas tinggi sedengkeun anu piaraan mah biasana dianggo pas weekend kukurilingan sareng kulawarga atanapi sasami pemelihara. Nu penting mah ulah gaduh istri piaraan weh nya Kang ;)). Upami wargi mah di lembur aya anu miarana Toyota Hardtop FJ40 tea...nganggo ban 35... nya puguh atuh mun ngalangkung ka kampung tatanggi teh disangka culik ceunah hehehe... tapi eta FJ40 teh irit pisan tiasa 1:12.... maksadna 1 liter mung kaanggo 12 tiang listrik hehehe :D. Miara JIP sepuh atanapi motor sepuh kanggo abdi mah fun pisan :D... kaleresan resep ngoprek kitu asa gaduh cocooan hehehe :D. Sapertos masterpice Honda "NSR" C70 eta ajiiib pisan. Pas meser kaayaan teu hurung tos 2 taun, tos karatan dimamana, jok tos teu mirupa... taaah ku abdi di utrak otrek lumayan kitu... kanggo puputeran sareng Jr di Bogor mah tiasa :D. Mesina di gentos H Grand, nganggo CDI Supra, pokonamah di recondition sadayana kecuali mesin sareng pengapian :D. Abdi mah resep ku antikna sareng eduuun lah eta Juragan Honda jaman harita tos tiasa ngadamel bentuk anu aerodinamis sareng classic:D. Upami Jeep di Bogor mah aya rerencangan suhu-na... taaah anjeuna gaduh willys taun 40-an saatosna Ford GPW waaah ajiiib eta Kang produk "cacatna" jeep....maksadna bandel pisan... sasisna eta kiat pisan. Malahan mah ieu sasisna Willys teh di betot ku Kang Solihul ka Inggris kanggo dikembangkeun janten Land Rover hehehe. Leres Kang pengkereun PMI oge IPB Baranangsiang sareng UNPAK ;)). Siiip deuh telp abdi mah di +62 8129397391. Salam Bogor Van Buitenzorg, A ----- Original Message ----- From: rusli To: [email protected] Sent: Wednesday, March 14, 2007 11:23 PM Subject: [Baraya_Sunda] Re: urang BOGOR Kang Asep !!! kamari basa tangkurak George Bush ka bogor meureun ngiring sibuk atuh. kayungyun euy ! gaduh bisnisan mah . upami hobi sigana sajalan kang , upami abdi ayeuna mah masih nu leuleutikan. kana motor. mung dina Vespa kaleresan dipercanten janten katuha Vespa Obsolete Group (VOG) di Balikpapan, nembe gaduh Vespa tahun 1961. dimodif wae nganggo sidecar atanapi sespan. lumayan kanggo ngabebenjokeun budak. nyaeta geus kekerot hoyong mobil jeep teh. ngan pamajikan boga syarat cenah mah meunang boga mobil jang hobi tapina kudu aya mobil nu waras heula. alhamduillah gaduh mobil waras tapina can lunas !! kapaksa ngeureuyah heula ngalunasan mobil. Kang upami babakan Fakultas teh pengkereun PMI nya ? sok lah upami ka bogor urang tepung . ngadu bako bari nukeuran pangalaman. sok atuh diantos no telp na. upami abdi mah 081346243061, atanapi 08125419674. baktos Rusli . [Non-text portions of this message have been removed]
