Sapagodos pisan sareng Kang Waluya...Lila2 mah aya persyaratan sejen: tinggi
badan, jeung nu sejenna meureun...
Padahal, keun we sina rahayat nu nangtukeun. Dina luhurna pendidikan jadi
nilai plus di rahayat, keun we...Tong dipaksakan jadi syarat sagala...
Tapi da ngarana ge politisi Indonesia. Kalakuan nu "aneh"2 teh geus teu
bireuk deui...Keun da budaaak....
baktos,
tata
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Cenah, aya RUU nu nyaratkeun yen Presiden Republik Indonsia, syaratna
kudu S1 (Sarjana). Beu ..... teu lieur kitu ieu syarat teh? Ayeuna oge
Presiden Indonesia teh boga gelar Doctor, aya kitu kamajuan? kitu-kitu
keneh.
Ieu mah ngajejeleh kamampuan jalma. Padahal loba jalma nu sukses,
pinter bari teu boga izasah. Pa Ayip Rosyidi salah sahiji contona,
izasah SMA wae teu gaduh. Tapi geuning anjeunna kamampuanana
ngaleuwihan nu boga izasah formal. Eta dina widang pangaweruh, komo
deui dina widang politik, nu kuduna mah leuwih muka keur saha wae.
Eh .... tapi aya nu surak, da merema, tukang nyieun izasah palsu!
Baktos,
WALUYA
---------------------------------
Sucker-punch spam with award-winning protection.
Try the free Yahoo! Mail Beta.
[Non-text portions of this message have been removed]