--- In [email protected], Dadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Seueur keneh Kang R, komo di lembur sepuh abdi mah (di Kadungora -
Garut). Barudak mah ari usum ceremé teh sok ribut marulungan, hudang
pasubuh-subuh bisi kapiheulaan batur. Ceremé meunang mulungan teh
dikumbah, terus hiji-hiji di turihan ku silet. Meunang nurihan di
wadahan kana rantang atawa baskom leutik, purulukan ku gula bodas.
Antep we tepi ka kalaluar caina. Balik sakola eta ceremé teh geus
jadi manisan. Seger pisan, tengah poe ereng-erengan nguyupan cai
manisan ceremé.
>
>
> Salam Sejahtera,
>
> DSKCG
>
>
>
> ----- Pesan Asli ----
> Dari: Rahman <[EMAIL PROTECTED]>
> Kepada: [email protected]
> Terkirim: Rabu, 21 Maret, 2007 3:04:18
> Topik: [Baraya_Sunda] Re: Gn. Ciremai siap-siap arek bitu?
>
> --- In Baraya_Sunda@ yahoogroups. com, "waluya56" <resoma@> wrote:
> >
> > Cenah ceuk wartos Media INdonesia Online, lini tektonik jeung
> > Vulkanik Gunung Ciremai di Kuningan ngalobaan. Wartosna
nyanggakeun
> > ti MIOL.
> >
> > NB.
> > Kunaon pangna diaranan Gunung Ciremai nya? Ciremai pan dibacana
siga
> > bahasa Malayu (Indonesia) Ciremay. Rarasaan mah teu mungkin
tadina
> > arannya Ciremai .... atawa aya dina basa sunda kecap "remay"?
> > Oge "bukit Tunggul" di Bandung ...naha make aran "bukit"?
> >
>
> Kang,
>
> Basa keur budak, kuring sok resep dahar buah anu disebut buah
> 'ceremé'. Eta buah teh leutik sagede kaleci, aya nu hejo, koneng
jeung
> beureum. Rasana amis haseum. Bentukna siga balingbing, anu loba
> kangkotan, najan teu seukeut ge. Maksud teh ari balingbing mah apan
> mancrit, tah ceremé mah buleud.
>
> Sigana mah ieu ngaran gunung teh dipakuat pakaitkeun jeung ngaran
ieu
> buah? Dina basa Sunda mah kudu na teh gunung Ceremé, lain Ciremai!
>
> Teuing ketah, ieu mah sakadar teori. Bukti2 na kudu diteangan
heula.
> Ngan ari keur kuring mah mah ti leutik keneh, mun ngadenge kecap gn
> Ceremé teh, pasti nyambung jeung buah Ceremé.
>
> Ari buah ceremé aya keneh kitu?
>
> baktos,
>
> Rahman
>
>
>
> Kang R,
> Kira2x naon nya hubungan gunung ciremai rek bitu jeung manisan
cereme.
> Sim kuring bade nyobian ngahubungkeun, mugi2x leureus.
> Satosna tuang manisan cereme, panginteun patuangan teh langsung
mules... jadi langsung wae lumpat ka peungkeur, bisi bitu.
Sanes kitu... hehehe .
wargi ayar
wahyudin
________________________________________________________
> Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
> http://id.yahoo.com/
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>