Teh NN, Kakara kapariksa aya japrian. Rek dibales sacara publik we nya? Susuganan oge aya mangpaatna keur nu sejen. ;))
Alah... gagayaan...kawas nu heueuh ieu teh...he he he Patarosan Teh NN, >Kang Rahman, ari artosna KUULEUN naon ? >Nn 'Kuul'teh mun teu salah mah sarupa tutut atawa keong cai. Sing sumpah... teu nyaho bentuk na mah he he he. Ari bangsa keong tea pan kacida lambatna... mun dirurursuh ge lain jadi gancang, kalah kaleked he he he. Malah mah sok api2 kojor bangsa tutut mah. Jadi sigana mah kekecapan kuuleun teh, diterapkeun ka jalma anu euweuh guam alias tatalangke. Mun dititah baranggawe kalah murengked. Pokona mah super geboy lah...;)) Meureun ketah. Nu leuwih nyaho... pangpengkeun ka dieu! :)) baktos, Rahman
