Bah S,
Hihihi leres... 
Mubil tilas mah mirah pisan di Amrik mah soalna pan mubil tilas maintenance-na 
pasti langkung abot tibatan nu anyar... sementaun biaya maintenance diditu 
utamina mah biaya SDM bengkelna awis... jam-2an :D. Janten USD 1500 oge tiasa 
ngageleser :D. Di urang USD 1500 ngagurudug + batuk-2 jeung hareudang kadang 
ampul-2an... rem-na sami tos nganggo ABS oge EBD mung upami ABS versi urang 
mah... Asal Bisa Setop hehehe. Tah geuning kapendak positif bangsa urang teh di 
antawisna SDM-na mirah :D.

Tah pan Kang R men-challenge urang-2 sadaya kanggo milarian positif-na bangsa 
urang ... tos mulai jentre ayeuna mah hehehe. Diantawisna bangsa urang teh 
bangsa anu "beunghar" ;)). Di urang eta nu ngagaduhan hummer, rangerover vogue, 
perari, jaguar, bimmers, seueur hehehe... malahan mah digarasina sok aya seueur 
teu cekap hiji hehehe. Taaah eta teh ciciren bangsa urang teh bangsa "beunghar" 
;)). Positif pan ... janten salah pisan eta anu menilai bangsa urang sakedik 
positif na teh ;))... justru seueur pisan "positif"-na. Teras di urang oge 
seueur anu traveling ka luar nagri di antawisna naek haji jiarah ka Arab pan 
eta ciciren bangsa urang teh tadjir oge hehehe... walopun kadang Haji-na haji 
Mansur = Halaman Rumah Digusur ;)). Haji Kosasih = Hajina gara-2 kenging Ongkos 
dikasih, jeung sajabana. Malahan mah Traveling naek haji oge teu cekap sakali 
tiasa berkali-2 :D. Tos kitu pan biaya haji-na saurna di urang mah awis 
geuningan ... mangkana sok ngahaja lumpat heula ka Malaysia jeung nusanesna... 
taaah ieu oge nunjukeun bangsa urang teh bangsa beunghar hehehe. 

Positif nu sanesna nembe emut... bangsa urang pan jagoan dina per-effective-an 
mah... janten sanaos tos disadiakeun jembatan penyebrangan oge keukeuuuh we 
nyebrang dihandapeun nana... pas ditanya naha siah nyebrang dihandap... eeiiiit 
ambeh effective nyaho!! ;)). Pan mun lewat jembatan mah cape kudu nanjak jeung 
muter... mun lewat handap mah effective tiasa motong ;)).

Salam Positif - Uniquely Indonesia ;)).
A

  ----- Original Message ----- 
  From: surtiwa surtiwa 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, March 22, 2007 7:39 AM
  Subject: Re: [Baraya_Sunda] Re: Karakter jeung pasipatan bangsa urang?


  Tibalik atuh...lamun aya anu tiasa meser mobil mahal
  atanapi LT mahal padahal teu sadya jalmi tiasa eta
  meser anu karitu..pan hartosna..pamarataan cn
  aya...tah..nu kieu mah ayana di Nagara Miskin...siga
  di urang !

  Cobi wae...gajih PRT 300-400 rb/bln..boro2 meser
  LT...di Amrik PRT $ 12/jam (ieu teh tau 80an), didamel
  9 to 5 plus bensin kinten $96 + $10 =$ 106/dinten.
  Sasasih teh 21 x $ 106 = $ 2,226. Mobilna teh lumayan
  anu pangaos $ 1500 dollaran, mobkas. GDP Amrik
  >$5000/capita

  Di endo sabalikna aya nu meser mobil $ 4 milyar
  Rp...dibalikkeun deui..da aya merek anyar kakara asup
  anu hargana $6 milyar...padahal GDP Endo pan
  <600/capita. 

  . 
   

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke