Nyaan teh Maria, lamun kaditu ayeuna-ayeuna matak pabaliut jeung orok
he..he..he.. masih keneh rada tiis ongkoh, can bebas bergerak...
Ulah hawatos masalah tidur, ah... abdi mah jalmina easy going tara
rewel atanapi pulah pilih, bisi tidur disofa oge teu jadi masalah
he..he..he..

Abdi oge mireng ti rerencangan abdi (JiJi) urang Thailand, manehna teh
tos ka Montreal ceunah sae / resep kotana. Ari "JIJI" didieuna sareng
tunanganna, damel di salon walmart, abdi oge nembean dipotong rambut,
sok ku manehna langganan, Jiji pinter kana penataan rambut, seueur
langgananna. Teh Maria, ayeuna mah abdi teu tiasa ngarawat rambut
panjang, teu gaduh waktos... basa abdi nuju abg rambut abdi mani
panjang melebihi pinggang, kandel, ayeuna mah tambah kolot tambah
rontok he..he..he.. 
Engke enjing abdi bade amengan kabumi Jiji, nonton dvd, sareng curhat
masalah istri... biasa ari istri sok blak-blakan kaistri deui.  Tapi
ari abdi mah kadang seneng keneh curhat ka teman pameget, duka tah
matak aneh...

Moga-moga minggu ini teh Maria ngalahirkeun biar tenang salamet.

Nn

 


Kirim email ke