Baheula, lamun teu salah di akhir taun 1970'an, di majalah Intisari 
aya nukilan buku memoarna RAA Martanagara, bupati Bandung di akhir 
abad ka 19 jeung di awal abad ka 20. Cenah ieu hiji-hijina memoar nu 
dijieun ku birokrat pribumi di jaman kolonial. Memoar ieu ditulis 
make basa walanda jeung lamun teu salah dimedalkeun di Walanda 
(manawi kang RH terang?).

Nu kuring inget, keur budakna RAA Martanagara jeung dulurna (hilap 
deui saha, tapi sigana Pangeran Suria Atmaja) ku sepuhna di Sumedang 
(bupati Sumedang) dipiwirang "nyantri" ka pelukis kasohor, RADEN 
SALEH keur diajar basa Walanda jeung "tata cara" urang Walanda/ 
Eropa. Raden Saleh, menak Jawa, pelukis, kungsi mgumbara mangtaun-
taun di Eropa, hirup dikalangan kaum elite Eropa di jaman harita. 
Saterasna Raden Saleh tumetep di Bogor(?). Tah RAA Martanagara teh 
nganjrek sareng diajar ka pelukis kasohor ieu.

DIna memoarna, seueur dicaritakeun kumaha pangalaman RAA Martanagara 
sabage birokrat di jaman harita. Sigana aya saena ieu buku 
ditarjamahkeun kana Basa Sunda/Indonesia. Cik saha tah nu tiasa 
milarian buku ieu? ....atawa nu gaduh majalah Intisari di akhir taun 
1970/ awal 1980, didinya aya judulna ....ngan make basa Walanda. 


Baktos,
WALUYA



Kirim email ke