> --- In [EMAIL PROTECTED], isya dana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Eta mah kamari sim kuring seuri sorangan ngupingkeun obrolan
> dina salah sawios radio di Bandung, cenah pamarentah teh lepat
> kalahka SARITEM nu di tutup teh, kedahna IPDN nu ditutup teh
> cenah, lantaran tos terbukti yen di IPDN sering aya penyiksaan2
> sareng pembunuhan terencana, nu teu sapagodos sareng aturan,
> sedengkeun di SARITEM mah cenah nu mere kanikmatan, he he he dasar
> tukang lacur siah..
Hahahaha ....aya-aya wae atuh Kang. Tapi ieu sindiran panginten, yen
masyarakat diurang mah gampang pisan mere reaksi kanu dianggap
ngagede-gedekeun nafsu syahwat (porno) tinimbang kana hal-hal
kaheurasan jeung katelengesan. Mangga we tingali kasus
tayangan "smackdown" di TV, masyarkat kakara mere reaksi sanggeus
aya korban maot. Ieu beda lamun aya media wani-wani medalkeun/
nayangkeun nu dianggap por'on, reaksina teh spontan, harita keneh
digurudug. Tong boro gambar jeung filmna, aran majalahna wae
disebut porno ...hehehehe (Kasus Playboy Indonesia)
Di urang sigana masih aya anggapan kaheurasan jeung telenges teh
sarua jeung kagagahan ("kejantanan")!
Baktos,
WALUYA