--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Lamun leres teh kitu..ieu daerah kadua (/) saatos
> daerah sabuder Ciranjang ...Biasana US tos
> kakoncara..sanajan misalna kirang ngamalkeun ajaran
> agama Islam..tapi ari dititah pindah agama mah
> ..hese..noak....Ieuh nggeus parah sugan wargi urang
> teh....
> 

Salam baktos,
perkawis Ciranjang (gunung Halu) teu tiasa disakompet daunkeun, 
kumargi warga Ciranjang gaduh sejarah panjang, kapungkur basa Jaman 
Walanda buruh tani ti Ambon dicandak ku Walanda kadinya kanggo 
ngolah tanen gagaduhan Walanda, kujalan asimilasi warga Ambon nikah 
sareng warga dinya, puguh we janten seueur nu ngagem agama iwal ti 
islam, tapi sanes kujalan diojok-ojok atanapi dibibita, teras teu 
salah da sabab loba pisan warga Kristen di dinya, tah kukituna 
ngadeg weh yayasan Kristen kanggo ngajamin kasejahteraan wargana, da 
geuning kitu maranehna mah "care" ka umatna, pun Uwa (saleresna 
sobat pun bapa) Pdt. Bernard, Bapana Uurang Ambon teras nikah ka 
urang Sunda, teu apal perkawis eta ibuna kapungkur Islam atanapi 
Kristen. Nu puguh mah numutkeun anjeunna, di Ciranjing mah Tasamuh 
(toleransi) dijunjung tinggi, aman, tentrem, mung kamari kantos aya 
kasus, nyaeta nu ngakukeun islam, ngojok-ngojok, saurna "balikkeun 
deui warga Gunung Halu Ka Agama Aslina" pami numutkeun kana dongeng 
A Asep mah atuh, urang Sunda teh sanes Islam pan? tah atuh sakalian 
we atuh balikkeun deui kana Sunda Wiwitan, Hindu atanapi Buddha, heu 
heu.. tapi untungna Cianjur gaduh ketua MUI anu cendekia katur 
wijaksana (KH. Abdul Salim AKA Ajengan Elim), anjeunna ngaluarkeun 
Fatwa, yen saha wae nu nyieun bala di Gunung halu (teu paduli Islam, 
atanapi nyebatkeun jang kahadean dina jalan Islam) dianggep musuh 
warga Cianjur, aparat rek bertindak tegas.

Baktos
Ever

Kirim email ke