--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> NB. > KANG RH kamana wae? > Kang WALUYA, Kang Asep, He he he... hirup keneh geuning, jadi bisa ulubiung deui. Meunang 10 poe di Prancis Kidul Kang. Ngan hanjakal cuacana goreng euy kamari teh... meh unggal poe hujan! Lantaran hujan... jadi tiis deuih. Anu aturanana dicalana pondok jeung make t-shirt, jadi dibakutet euy he he he. Tapi ketah teu unggal poe hujan, kadang2 ngan saukur ceudeum wungkul. Jadi bisa maen tenis2 wae mah jeung barudak. Ketah... ngawadul, lain 10 poe di ditu teh, tapi ngan 8 poe. Dikurangi ku 2 poe perjalanan; sapoe indit, sapoe balik! Keun engke urang ngadongeng deui. Maca artikel perkara (ka)kawin(an) tea. Resep oge macana. Teu nyangka... ti beulah Iran bet boga pamadegan anu spektakuler progresif siga kieu? Leupas tina pro jeung kontra. Sigana ulama syiah geus boga pamadegan anu rada condong kana KABUTUHAN manusa (umat Islam). Pan nepi ka wayah kieu... urusan esek2 teh sok dianggap hal anu kudu disingkahan lin? Tah, ulama syiah geus boga kayakinan yen kahirupan seks teh mangrupa kabutuhan manusa anu WAJAR? Anu jadi rancu teh nya ku istilah KAWIN na. Alusna mah kudu make istilah lain atuh? Ngesek halal diluar kawin kituh, tapi kudu make kontrak? Lain kontrak kawin... tapi kontrak suka sama suka? Walah.... loba teuing nanya na euy he he he.... Nu boga jawaban... sok ngaceng! Eh... dasar keur nyaritakeun seks... bet kadinya geuning? ;)) Sok ah... obrolkeun sing rame. Moal matak bohak ieuh! Rek dianggap 'murtad"? Sabodo teuing he he he.... Naon tarajamah na 'agree to disagree'dina basa Sunda nya? Pokona mah... forum ieu teh: panuju (keur)teu panuju! (Ah ... tarjamahna ngaco!) baktos, Rahman
