Siiip Kang mangga ;),
Tah duka atuh euy... naha kudu ditambahan atawa kudu dileungitkeun sakalian 
hehehe :D... barina oge pan sanes hak na nagara keur ngatur urusan agama mah 
hehehe. Asaan mah di nagara maju oge pan teu aya menteri agama :D... da nya eta 
meureun agama mah ceunah urusan sewang-2an kitu... teu aya urusana jeung 
pengelolalaan nagara :D... mun enya tea mah kudu tetep aya nya sigana mah 
minimal kudu ditambahan Kang + others tea meureun bisi we pan aya embungeun 
milih dina agama nu ditetepkeun hehehe... soalna loba oge babaturan abdi anu 
aaah by pass we ceunah langsung ka Nu Maha Kawasa hehehe... da agama mah ceunah 
jijieunan manusa hehehe. Nya urang mah ngahargaan we da eta oge pilihan 
masing-2 jalmi lin :D. Sewang-2an weh.

Nabi Isa teh agamana Nasroni ~ Kristen tea pan? Mun teu salah mah da yahudi oge 
di aku pan di Qur'an.. kitabna pan Toret tea pan? Da emang baheula na mah eta 
teh sadudulur disebutna teh Arab Semir eh Semit ;))... ngan duka kumaha naha 
bet jadi hog-hag teu pararuguh?. Nya pek weh lah... kajeun teuing da euweuh 
urusan nana... nu penting Kasundaan ulah nepika ulubiung dinu kararitu mah. Mun 
enya tea mah ceunah solider antar agama.... di endonesa oge loba keneh 
pabalatax tulunganeun mah hehehe. 

Meureun mun kadang ditinggali ti luhur mah sarua Jarahna pan Kang... naek haji 
oge sarua weh mereun jarah ka tanah suci... atuh kitu oge meureun mun urang 
dieu jarah ka karuhun ;)).

Tah eta Kang... eta ceuk abdi mah alus pisan... boga pamadegan siga kitu... 
mending bebener heula tah parilaku... ulah nepika jadi haji kajajaden pan 
meureun tungtungna jadi ngagorengkeun ka Islam sorangan lin? Geuning sok loba 
kacaritakeun Haji anu beuki numpak kuda... beuki korupsih.. jsb... tungtung-2 
hajina pan teu guna... da nya eta datang ka Arab teh nu dipaluruh lain elmuna 
jeung ngaji diri-na... kalahka ngaborong KORMA weh jeung balanja sagala rupa 
:((. Nepika rek haji ceunah kudu aya perpisahan jeung aya hajatna terus 
sukuranna era ku batur... dana na sakitu puluh jutaeun beuuuu... nya geus weh 
ceunah meulina kabeurat-2 di toko anu weh di Endonesa hehehe? Haaaaaar... atuh 
ngabohong kitu carana mah ;)). Lalieur lah.

Geus balik ti Haji... digonjakan ku babaturan nana... tah ayeuna mah pan Akang 
geus haji.. taaah geus certified ceunah keur NYANDUNG alias NGAWAYUH? Hoooor... 
naha bet nyambungna jadi kadinya?? 

Palestina mah teuing lah Kang... ari ceuk abdi mah... angger weh da ujung-2na 
mah FULUS-2 keneh. Iran nulungan pan emang sohiban eta mah sarua resep gelut 
oge hehehe. Jadi pas kompakna pan.... pan ceunah Gusti mah nyiptakeun mahlukna 
berpasang-2an... nu kasep jeung nu geulis... sarua geulisna... nu resep gelut 
pasti engke panggihna jeung nu resep gelut oge.

Ayeuna sajarah kasundaan pan geus puguh kabuktian jaman Cirebon baruntak wae 
teu dikukumaha ku Siliwangi... malahan utusan anu dikirim keur nanyakeun naha 
barontak oge pan teu balik deui... teu dikukumaha tah ku Siliwangi rek di 
serang oge tadina teu jadi... ulah ceunah eta mah dulur. Taaah contoeun ieu mun 
rek ngabetot ti Import nya bisa oge... pan Rosul oge keur dakwah nepika 
dibaledogan rek di paehan pan geuning teu dibales? Atawa di bales? Asaan mah 
henteu pan?

Taaah naha sikep nu kararitu teh teu diturutan ku urang... kalahka angger deui 
wae... konsep nu dibetot na teh teu jauh ti ngan ukur Iti Latifah jeung Momo 
Komoriah ;)). Silihwangi jadina Siritwangi hehehe.

Teuing ketang ah... dasar tukang ngacapruk teu pararuguh hehehe.

Salam ngacaprux,
A

  ----- Original Message ----- 
  From: hadi john 
  To: Baraya_Sunda@yahoogroups.com 
  Sent: Tuesday, June 19, 2007 10:00 AM
  Subject: Re: [Baraya_Sunda] Kufur, Ageman Lokal


  lumayan yeuh meungpeung keur loba cicing, ngaramekeun ah...he..he..

  Kang A,

  Sigana mah dina KTP na kudu ditambahan lain2 meureun pikeun ngabayuan ageman 
lain nya kang?
  (teuing ah...KTP uing ge geus beak...can nyieun deui nu anyar)
  Ieu mah meureun urusan tata nagara nu aturanna geus diatur ku 
pamarentah...kusabab pamarentahna dumasar kana pancasila (coba mun nururtkeun 
ajaran rosul sapertos nu ku akang disebat dihandap)
  meureun dihargaan...
  Ari nabi Isa agemanna naon nyak?

  Perkawis haji...nyeta kusabab eta ageman lungsurna diditu..nya meuereun 
ngalaksanakeunna ge diditu...maenya aya thawafna di Cicadas ngurilingan pasar 
he..he.. 
  Mun ageman lokal...jarahna meureun.....siga dina tulisan beus luar kota 
tea...antar kota antar provinsi...

  Uing meunang dongeng ti babaturan...dulur manehna...sanajan geus Mampu keur 
ngalaksanakeun haji masih keneh can daek indit ka ditu...manehna leuwih resep 
ngabiayaan/ngurus pasantren, ngurus tatanggana nu kurang aya..atawa ngabiayaan 
nu budak yatim di sakuriling imahna...

  Palestina...

  Kamari maca kintunan ti Kang R perkawis bantuan ti uni eropa..
  Salian ti muji ka bantuan nu di pasihan ku eropa...tapi hayang seuri 
oge...naha bet kerek mere ayeuna...sanggeus aya pamarentahan anyar (fatah) pan 
saeteuacanna mah ngaboikot ka pamarentahan hasil pamilu nu sah 
(hamas)...sangges perang sadulur...geus aya korban nu palastra rahayat 
palestian..aya parubahan pamarentah...kakarak daek mere....nuhun...tapi...naha 
he..he..
  Mun teu salah baheula anu konsisten ngabantuan palestina basa pamarentahanna 
masih keneh hamas nyak..Iran tea...

  baktos,

  hadi

  ----- Original Message ----
  From: A <[EMAIL PROTECTED]>
  To: Baraya_Sunda@yahoogroups.com
  Sent: Monday, June 18, 2007 6:38:21 PM
  Subject: Re: [Baraya_Sunda] Kufur Teu Ngahargaan Ageman Lokal

  Ngan abdi mah panasaran teh... nya eta euy... kumaha nasibna tah... mun tea 
mah aya jelema anu ngagem Jati Sunda atawa Sunda Wiwitan eta ... berarti teu di 
akui atuh meureun sebage warga nagara mun misalna teu milih di agama anu aya di 
list eta pan? Contona Urang Baduy? Ceuk Kang Edi jeung Kang Saleh mah ageman-na 
pan Jati Sunda atawa Sunda Wiwitan? Trus mun teu salah mah Kang R harita pernah 
posting anu di bandung pasisian kitu anu... ngagem naon kitu anu tungtungna pas 
Kawin hese tea... da nya eta ceunah bingung ngagem naon... Ciiik Kang R... 
diposting deui tah articlena mun aya? 

  Hehehe moal bisa nyieun KTP meureun mun teu daek ngaku- ngaku salah sahiji nu 
di list ageman tea ;)). Tah kumargi kitu kulantaran Rosul oge baheula 
ngahargaan ageman lain... makana pan di Kur'an oge pan ceunah kudu iman atawa 
percaya oge ka ageman nu laina saperti Nabi Isa, jsb. 

  Kapikiran deui Kang... salah sahiji cara keur bisa ngabedakeun Export 
heunteu-na meureunan... tina Jarah-na Kang... mun nu export- mah kudu ka luar 
nagreg heula hehehe. Mun nu local nya di urang meureun :D.

  Salam Piiis oge Kang ;).
  A

  Unsubscribe Recent Activity
  4New Members
  Visit Your Group 
  SPONSORED LINKS
  English as a second language program
  Corporate culture
  Corporate culture change
  Italian language
  Tissue culture
  Yahoo! Mail
  Next gen email?
  Try the all-new
  Yahoo! Mail Beta.
  Y! Messenger
  Instant hello
  Chat in real-time
  with your friends.
  Y! GeoCities
  Share Your Passion
  Join the web's lar- gest community.. 

  __________________________________________________________
  Fussy? Opinionated? Impossible to please? Perfect. Join Yahoo!'s user panel 
and lay it on us. http://surveylink.yahoo.com/gmrs/yahoo_panel_invite.asp?a=7 

  [Non-text portions of this message have been removed]



   

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke