Ke ke ke .. Kang upami bodo mah ngaceng eeeeh ngacung atuh heuheuheu. Tadi 
peuting mah abdi bodo pisan... ayeuna mah da geus beurang jadi ngadadak pinter 
hehehe.

Heueuh lah ripuh ari ngurusken masalah urat aret wae mah hehehe... iraha nagara 
rek majuna nya? Loba masalah anu leuwih penting anu ku urang bisa diurus salain 
masalah urat aret hehehe. 

Ngan nya eta meureun di urang mah urat aret teh dianggapna penting pisan 
meureun ;))... kurang puas kitu masalah Sexual-na eta maranehna hahaha.

Tah eta lah Kang... urusan ageman mah sewang-2an weh teu kudu di atur nagara 
oge jeung teu kudu batur kudu siga urang... da tiap jalma oge boga pamadegan 
sorangan... sok weh sina ngagaritek jeung ngageol sewang-2an.. nu penting urang 
ulah pahiri- hiri jeung ulah ngarugikeun batur ;).

Salam,
A

----- Original Message ----- 
  From: Aliyudin Sofyan 
  To: [email protected] 
  Sent: Monday, September 03, 2007 7:35 PM
  Subject: Re: [Baraya_Sunda] Fw: [kota-bogor] [SUPERKORAN] Aurat Itu Apa Sih?


  Aduh punten Aa. uing geuning jadi mimiluan bodo maca postingan iue. Nya puguh 
atuh, pastina oge lamun ngurusan aurat jeung halal-haram wae, tur pro kontra na 
mah moal maju-maju umat Islam teh. Eta pandapat urang JIL teh bener pisan. 
Budak rada oon oge pasti nyahoeun. Hartina pan ari nguruskeun kitu wae mah umat 
Islam teh teu digarawe, teu sakola, teu teu teu anu sejena deui. Jadi, nya moal 
maju-maju atuh. Kitu lin, A???
  Ari cek uing mah JIL teh mung nambahan lieur. Di Indon teh geus aya NU, 
Muhammadiyah, Persis, Ahmadiyah, HTI, jeung puluhan aliran Islam lainna deui. 
Eta teh cek uing mah ngalieurkeun kabeh. Katambah JIL deui hayang ngasupkeun 
pangaruhna. Halah nambahan lieur. Ari Islam mah Islam wae atuh. Titik....nyaeta 
sahadat, solat, puasa, zakat, jeung haji (lamun mampu mah). Eta lin nu poko na 
mah? Ari kembang-kembang na mah, kumaha urang weh ngagitekna sewang-sewangan 
(cek uing eta oge....heheheheh). Punten ah A.

  Cag
  Si Ali

  . 
   

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke