--- In [email protected], surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>

> > 
> > Mungkin saya sial? ya. Mungkin saya hanya 1 dari
> > 1000 WNI yang apes di

KAng,

Kuring ge pernah ngalaman apes di Malaya. Sigana mah pernah
didongengkeun di dieu, bae ah... diduakalian we.

Jaman keur can boga budak, pernah lunta-lanto jeung pamajikan di
Malaya. Ti kidul ka kaler. Ketah... sacara umum mah kuring euweuh
masalah jeung urang Malaya. Teu beda jeung bangsa urang, lolobana mah
saromeah.

Ngan nya meureun keur apes tea. Dina ahir perjalanan kuirng aya di
Penang, sabab rencana harita rek meuntas ti Penang ka Medan. Tah,
harita kuring neangan hotel. Asup hiji hotel jeung pamajikan, menta
kamar. Aya cenah, ngan barang nempo paspor hejo kuring, eta jelema tah
langsung babalicetan. Kamar nu aya... jadi euweuh! Siga tukang sulap!

Pamajikan kuirng ngamuk! Ngan ceuk kuring teh... keun bae, keur apes
ieu mah ku paspor hejo! Jeung deui... masih keneh loba hotel nu sejen.

Moal poho ieu pangalaman apes teh.

baktos,

Rahman

Kirim email ke