kabeneran, aya stok tulisan yeuh : TI ZAMAN\BAHEULA - KEUKEUH - JOMLO
Sababaraha waktu katukang, Wakil Presiden Jusuf Kalla biantara dina hiji acara. Nu kainget terus ku kuring aya hiji, nyaeta nada pesimis anjeunna ngeunaan basa daerah. Siga nu taya kabeubeurat, atawa kahanjakal, anjeunna nyarios yen basa daerah teh bakal tumpur. Tumpur henteuna basa daerah saestuna gumantung ka warga nu jadi pinutur basa daerah. Lamun geus euweuh deui jelema anu daek ngomong atawa nulis dina basa Sunda, moal salah deui basa Sunda ngan tinggal sajarah wungkul. Siga basa Latin, kiwari geus euweuh jelema anu ngobrol make basa Latin. Paling aya dina doa-doa di gareja. Sanajan kitu, loba kecap-kecap tina basa Latin anu diinjeum ku basa sejen saperti basa Inggeris. Oge, loba ungkapan-ungkapan anu dipake dina widang-widang kaelmuan. Misalna : ceteris paribus, vis a vis, oryza satipa, curcuma jsb. Tumpur henteuna basa Sunda gumantung ka urang sarerea, kaasup anggota Baraya Sunda anu ayeuna satekah polah ngobrol make basa Sunda ngeunaan topik-topik anu daria. Tangtu jumlah Baraya Sunda mah saeutik teuing lamun kudu nyekel tanggung jawab ngahalangan kamusnahan basa Sunda. Tapi lain hartina teu bisa mere kontribusi. Dina kasus pang paitna, paling saeutik urang teh kudu ninggalkeun tapak, yen basa Sunda teh kungsi aya. Siga basa Latin oge, kudu diusahakeun aya kecap-kecap basa Sunda anu diinjeum ku Bahasa Indonesia (misalna). Lamun ditilik, paling henteu dina Bahasa Indonesia paguneman (informal), geus loba kecap-kecap basa Sunda nu dipake ku pinutur Bahasa Indonesia. Misalna kecap baheula geus mindeng dipake jeung kahartieun ku jelema loba. Oge, kecap keukeuh mindeng kadenge diucapkeun dina gunem catur anu make bahasa Indonesia. Malah make sok ditambahan sagala jadi keukeuh kumeukeuh. Ngalarapkeunnana dina kalimah cukup merenah. Meureun pedah hartina deukeut kana kukuh, jadi gampang diingetna. Sok mindeng kadenge aya nu ngomong sori menyori. Struktur saperti kitu asana ngan ukur dina basa Sunda. Kiwari, anu mindeng diucapkeun ku barudak rumaja di Jakarta aya deui, nyaeta kecap jomblo. Malahan aya film anu judulna Jomblo. Hartina memang rada geseh. Anu aslina: jomblo teh hartina kira-kira parawan kolot can aya nu nanyaan. Di Jakarta mah hartina jadi single alias teu boga kabogoh, rek budak rek geus umuran. Parakanca Baraya Sunda anu resep tulas-tulis, mere kuliah, biantara atawa naon bae asa komunikasi dina bahasa Indonesia, naon bae widang elmuna, boga pancen ngasupkeun kecap-kecap basa Sunda kana kalimah bahasa Indonesia. Khususna dina konsep-konsep anu acan basa Indonesiana. Geus lila pisan kuring neangan kecap dina bahasa Indonesia anu hartina sarua jeung nyoco (make kuku). Karek kamari manggih dina koran Kompas. Ceuk Dr Felicia Utorodewo ceku hartina sarua jeung nyoco. Aya 238 kecap bahasa Indonesia keur ngadeskripsikeun kegiatan leungeun manusa. Lolobana kecap eta jarang dipake. Geura sok teangan kecap-kecap basa Sunda naon anu can aya padananana dina Bahasa Indonesia! Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Basa daerah bakal punah, cenah ceuk wartos Tempo interaktif dihandap ieu. Malah Basa Jawa jeung Bali boga potensi arek punah, sanajan nu makena ayeuna masih puluhan juta urang. Anehna Basa Sunda mah teu disebut-sebut, pedah aya keneh millis2 basa sunda meureun ....hehehehe Wartosna nyanggakeun: 10 Bahasa Daerah Punah, 700 Lainnya Terancam Selasa, 04 September 2007 | 11:56 WIB TEMPO Interaktif, Solo:Sebanyak 10 bahasa daerah di Indonesia dinyatakan telah punah, sedang puluhan hingga ratusan bahasa daerah lainnya saat ini juga terancam punah. Temuan ini didapat dari hasil penelitian para pakar bahasa dari sejumlah perguruan tinggi. Menurut Kepala Pusat Bahasa Departemen Pendidikan Nasional, Dendy Sugono, sepuluh bahasa daerah yang telah punah itu berada di Indonesia bagian timur, yakni di Papua sebanyak sembilan bahasa dan di Maluku Utara satu bahasa. " --------------------------------- Shape Yahoo! in your own image. Join our Network Research Panel today! [Non-text portions of this message have been removed]