Ka anu resep karaokean lagu Kang Darso Paris Van Jabrigh dihandap ieu lirik 
laguna. Lumayan minggu kamari kenging VCD karaoke ti pun istri deeer weh 
langsung ngahaleuang bareng ;). Kanggo anu bade jatukrami meungkeut kadeudeuh 
patali asih mah cocok pisan... cocok disetel pas nikahan. Insya Alloh mun teu 
aya wagelan bade ngahaleuangkeun lagu ieu pas nikahan wargi ;). 

Midang Bingah
By Darso Paris Van Jabrigh

Galindeng Tresna Nu Kedal Taun Kamari
Kiwari Bukti Meungkeut Geugeut Jatukrami
Asri Malati Nu Bodas Ngaruntuy Endah
Ngiring Geura Kanu Nuju Midang Bingah

Ilang Karempan Datang Hareupan
Kembang Otel Waktos Apel Ngabuah Janten Panganten
Pileuleuyan Lalagasan Pileuleuyan
Dinten Ieu Anjeuna Rek Beber Layar

Cingcin Asih di Rema Kiwa
Minda Tempat Ka Katuhu
Dangding Asih Kawit Lelewa
Pada Jangji Rek Satuhu

Cingcin Asih Dina Jariji
Nyelap Malah Nambih Endah
Pasini Pareng Ngahiji 
Omat Ulah Bade Pukah

Vunten, manawi aya anu tiasa nulungan nga- translate lagu ieu? Lumayan seueur 
kalimah anu rada buhun. Ieu mah TOSFL-na minimal kedah 650 ;). 

Salam,
A

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke