abdi oge bade ngiringan wawar ah.
sababaraha poe katukang, 2 (dua) ucing di bumina pun
bibi oge sami maraot, saperti gaduhna teh NN. aya tilu
anak ucing teh nu dirorok ti BILATUNG keneh. nu hiji
dipenta ku pun lanceuk, nu dua deui mah angger we
sareng pun bibi.
ti saprak dipenta ku pun lanceuk teh, eta ucing nu dua
ngadon jadi geringan (kaleungitan dulur meureun nya,
mun cara jelema mah). tungtungna nya hiji-hiji maot,
ninggalkeun indung jeung lanceukna (kaleleban meureun
nya ceuk urang mah).
ahirna, di bumina pun bibi teh tinggal 2 ucing teh,
indungna jeung lanceukna ucing anu paeh anu ayeuna mah
sigana geus leuwih ti satun umurna teh. kitu tah baraya...
__________________________________
Yahoo! Movies - Search movie info and celeb profiles and photos.
http://sg.movies.yahoo.com/