Baraya sajagat maya, dina raraga mapag poe "basa indung", urang nyieun
pasanggiri maca carpon basa Sunda yu!

Kumaha carana? Carana urang make sumanegt, ti urang, ku urang, keur balarea.

Kieu geura: Ieu rencana teh saenyana geus rada lila dipikiran.
Panungtung, bulan tukang,  menta tulung ka Teh Roro, menta
pangnyadiakeun transkripsi carpon basa Sunda. Duka tos nepi kamana
tah. Sugan we dikeureuyeuh.

Ieu pasanggiri, urang jieun khas model Kusnet. Carana kieu: Pamilon
milih hiji carpon nu geus disadiakeun samemehna. Terus pamilon
ngarekam bacaanana kana format digital (contona: mp3). Hasil rekaman
kirimkeun ka tukang ngumpulkeun atawa upload ka situs pribadi
masing-masing, terus bejaan ka tukang ngumpulkeun, dimana eta file
disimpenna.

Kumaha cara nganilaina? Jigana kriteriana tong rumit teuing, ukuranana
cukup ku ngeunah jeung merenah didengena. Saha nu nganilaina?
Nganilaina, ngarah demokratis jeung haratis, urang nilai we ku
sarerea, make pooling online. Meureun perlu sababaraha tahapan proses
nganilaina, bisa jadi aya sababaraha hambalan.

Naon hadiahna? Hadiahna engke we urang dongengkeun deui. Sugan we aya
donatur nu haat nyadiakeun hadiah, atawa aya lembaga nu daek ngaleler
hadiah.

salam,
mh

Kirim email ke