Hatur nuhun, salamna didugikeun.

Perkawis diajar basa mah sami abdi ogé. Kamus basa Sunda numpuk kénéh tacan
kabaca sadayana :/
Tos lami hoyong aya kamus online téh, mung nyaéta kungsi nyobian nyalira,
nanging da mualless pisan ngeusianana téh.. he he..
Raos pami tos aya nu nyayogikeun mah. Ngan sigana persis anu kungsi dibahas
dina hiji média, yén basa Sunda mah mekar kénéh lantaran 'cinta'.

Teras sapertos nagara tiris-subtropikal sanésna, usum di dieu nuju musim
tiis maju kaseminakeun.

Mugia sing énggal damang deui. Seueuran wé istirahatna + nuang nu saraé.

Salam,
Dian.

On 09/01/2008, nenendianti <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Hatur
nuhun kang Dian, maklum abdi mah bs. Sunda pabaliut keneh, ngan
sok turas taros, ayana milis ieu nambih elmu bs. Sunda abdi tambih
rada lancar. Tapi ari diajak nyarios bs. Sunda halus sehalus-halusnya
ngan bengong. Hanjalkal sesah pisan mendakan kamus bs. online, duka
abdi anu teu terang situsna.

Abdi inget ningali blogna kang Dian, duka baraya sanesna, hilap deui.
Aya kang Dian cs nuju pentas rampak gendang di Jerman, mani sae pisan,
komo diakhirna ditambihan ku humor, kalah ngring bangga.

Usum naon di Jerman ? paling oge nuju usum tiis & sepak bola, sami di
Kanada mah nuju usum badai salju, ayeuna oge angin mani ageung pisan,
tilu kali saluran kabel listrik padam.

Sering abdi mah noongan milis, soalna gudangna seuri mani
double-double, ngahibur abdi anu nuju rada teu sehat, jadi abdi oge
ngiring seuri 1000.000x he..he..he..

Kang Dian upami gaduh blog/web page, atuh abdi pasihan terang linkna,
tiasa dianggo belajar bs. Sunda.

Salam kanggo kaluwarga kang Dian di Jerman,
Baktos,
Nn


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke