Naha sanes kitu anu dipraktekkeun ku pausahaan ageung multinasional di
nagara urang?
Apanan maranehanana oge datang mawa modal ka Indonesia, terus di dieu ku
urang dipigawena.
Masalah pembagianna sabaraha-sabaraha mah gumantung masing-masing pihak anu
negosiasi.

Salam,
Dian.

On 25/01/2008, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tah leres mun cara tanaga ti uang modal ti anjeun mah ngan tiasa
dipraktekeun dina skala kecil sapertos sistim restoran padang. Anu gaduh
tempat sareng meser franchise anu tiasa nyeepkeun milyaran rupiah..dina
prosentasi bagi hasil mah ngan 40% potong ongkos operasi sareng pajeg. Anu
60% kanggo pangalola sareng pagawe. pagawe henteu digajih tapi lansung tina
bagian bersih panghasilan. Tapi teu sadaya restoran padang siga kieu
hanjakalna. Tapi mun aya nu rek ngadirikan pabrik mobil..tapi urang ngan rek
ngasongkeun tanaga wungkul mah wah hese aya numerean..pkna cenah lain uasaha
bersama ...tapi " maneh ngeunah aing ripuh"....

On 1/23/08, Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED] <dian.nugraha%40gmail.com>>
wrote:
>
> Hehe.. ieu mah nguji logikana kang Rahman nu nyerat ku bunga nu
> dilungsurkeun perekonomian langsung jagjag deui. Naha henteu langsung 0 %
> cobi.
>
> Usaha tiasa ku cara 'modal ti anjeun tanaga ti kuring'. Henteu kedah
> ngantosan kuring beunghar heula. Bagi hasil 50:50 atanapi gumantung
> sapukna
> sabaraha.
>
> Tapi leres da bisnis mah aya resikona. Bentenna, resiko dina sistem bunga
> mah ditanggung ku nu nambut wungkul, sabalikna dina sistem bagi hasil mah
> ditanggung rereongan. Sakapeung anu nambut sacara rente mung ningali
> kamungkinan untung gede henteu mikirkeun kumaha mun anjeunna teh rugi.
> Padahal hal ieu pisan anu ngabalukareun kredit macet di Amerika.
>
> Tingali kasus-kasus kredit macet dina widang properti di AS:
> http://en.wikipedia.org/wiki/United_States_housing_bubble
>
> Dina artikel eta oge disebatkeun kumaha parobihan suku bunga bisa
> nguntungkeun sabagian sakaligus ngarugikeun sabagian nu sanes.
>
> Salam,
> Dian.
>
> On 23/01/2008, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED] 
> <surtiwa%40gmail.com><surtiwa%40gmail.com>> wrote:
> Moal jalanlah..dina sistim ekonomi kapitalis mah jiga anu aya didunya
> ayeuna
> moal aya usaha anu bisa dimimitian..kacuali jelema baleunghar heula terus
> usaha..Ekonomi syariah teu aya bunga..tapi mun dietang aya ongkos
> sanesna..anu tiasa dianggap ekivalen sareng bunga..malah bisa langkung
> ageung ti 3.5%..
>


[Non-text portions of this message have been removed]

Reply via email to