Kang R,

Bagi hasil mah ayana dina akad investasi mudharabah sareng musyarakah.
Nyaeta pami urang hoyong usaha, urang ngajukeun proposal modal ka bank teras
engke ku bank ditingali prospek untungna. Saupami kinten-kinten bakal balik
modal dina jero X taun, mangka akad investasi bakal dilakukeun salami
minimal X taun, atanapi langkung. Tah saterasna, dina salami masa kontrak,
untungna dibagi sareng bank anu saluyu sareng nisbah bagi hasil.

Ari kasus anu disanggakeun ku kang R mah kalebetna kana financing (murabahah).
Bank bakal ngamark-up harga heula terus ijab kabul jual-beuli antawis bank
sareng urang. Sacara umum, kalebetna sanes rente, nanging jual beuli sacara
angsuran (murabahah tea), ieu mah ilahar dipraktekkeun ku tukang kiridit
tea.

Lamun dina bank biasa, obyek hipotek biasana janten jaminan, sertifikatna
ditahan ku bank. Lamun urang teu tiasa ngalunasan hutangna, obyek eta bakal
dijabel ku bank. Dina bank syariah, obyek eta tos janten milik urang, janten
lamun urang teu tiasa ngalunasan sacara normal, urang kedah ngical ku
nyalira obyek eta, teras ngalunasan sesa hutangna.

Masalah mark-up atanapi rente diuihkeun tina pajak sigana gumantung kana
kawijakan pamarentah sewang-sewangan.

Salam,
Dian.

On 28/01/2008, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Deuih...Ieu aya kasus babaturan.

15 taun ka tukang batur kuring meuli imha di NL saharga 260.000
gulden. Duit jang meuli eta imha teh ngiridit ti bank (hypotek) anu
make jangka waktu 30 taun. Rente na 6% sataun na. Eta teh kaasup
angsuran mun teu salah mah.

Sababaraha waktu ka kutang, manehna pinda ka kota sejen. Imah na laku
dijual saharga 460.000 euro. 1 euro kira2 sarua jeung 2,5 gulden. Dina
waktu 15 taun untung na leuwih ti tilu kali lipet! Itung deui we...
ma'lum kuring mah sok kerok mun iitungan teh he he he...

Mun make sistem syariah. Kumaha iitunganana nya? 'Untung'batur kuring
kudu dibagi dua jeung bank kitu? Kumaha formulana? Mun manehna kudu
meuli imah anyar saharga 500.000, tekor atuh?

Mun teu salah mah, aya bank NL (Rabo bank) oge enu boga sistem hypotek
syari'ah. Asa panasaran oge... kumaha formula ngitung na.

Di NL mah, rente hypotek anu dibayar ku konsumen ka bank, bisa
dibalikkeun deui lewat pajeg. Kumaha ngatur na nya? Rugi mun embung
narima duit ti nagara mah? ;))

Cikan, sugan aya nu apal kana formula hypotek syariah?

baktos,

Rahman


[Non-text portions of this message have been removed]

Reply via email to