Kang Waluya,

Hihihi.., atuh pami kitumah sami mawon diplomat RI ge resep ka night club 
geuning.., mangpang meungpeung meureunan hehehe.., tos wareg.. nembe naek 
Haji hehehe...

Saurnamah didieu, polisi teh padamelanana nunutur diplomat .., da eta bisi 
nyieun kaonaran nu matak nyilakakeun batur.., sedia payung sebelum hujan tea 
panginten..
Abdi salami didieu tacan kantos lungak longok ka night club.., padahal 
disakuriling bumi night club hungkul heheheh.., caket ka Red Light.., janten 
teu patos terang kaayaan nu sabenerna kumaha para penari taranjang teh, enya 
saurnamah pami leres2 penari, penonton teu tiasa sangeunahna tual toel...

Baktos,
Maria


  ----- Original Message ----- 
  From: waluya56 
  To: [email protected] 
  Sent: Tuesday, February 05, 2008 12:00 AM
  Subject: [Baraya_Sunda] Re: nasib buruh migran?



  Teh M, kuring jadi inget dongeng kawawuhan kuring, pangalaman 
  baheula basa manehna keur ngora keneh jeung keur dines di instansi 
  pamarentah. Caritana manehna teh dines ka Canada, dina waktu salse, 
  manehna pangangguran lalajo "tari telanjang". Bakating ku "khusuk" 
  lalajo, pas si penari ngaliwat kahareupeun manehna, manehna nyoel 
  pinareup si penari. Si penari teh ngajetetet, teu kungsi lila 
  datang "body guardna", kawawuhan kuring dituduh 
  ngalakukeun "pelecehan seksual"!

  Urusan jadi panjang, sabab rek di ka pangadilankeun, jeung bisa 
  didenda rewuan dollar. Untung cenah KBRI turun tangan, da manehna 
  make paspor diplomatik, jadi teu tulus.

  Ceuk kuring teh: "Na ari bapa, pangangguran teuing atuh?"

  "Enya da waktu di Bangkok mah teu nanaon, kitu deui waktu di Jerman, 
  sok ditual-toel", cenah omongna teh.

  Jero hate kuring: "Karasa siah, keuna batuna!"

  Ayeuna kawawuhan nu sok iseng teh, geus nganggo korsi roda (stroke), 
  tapi untungna geus jadi Haji, insaf heula meureun ....

  Baktos,
  WALUYA



   


------------------------------------------------------------------------------


  No virus found in this incoming message.
  Checked by AVG Free Edition. 
  Version: 7.5.516 / Virus Database: 269.19.20/1260 - Release Date: 2008-02-05 
09:44


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke