Nu Keketrok Tengah Peuting
Mugi Gurewitz

GEUS nincak tilu belas taunna kuring sakulawarga nyicingan éta tempat.
Imah nu nyanghareup ngidul, sarta teu pati gedé. Tapi cukup keur
kuring jeung dua urang nu jadi kolot. Buruan nu heureut. Lawangna ogé
cukup ku pager awi. Dipapaésan tangkal jambu aér nu ngarandakah
niungan buruan jeung suhunan. Ari dihandapeun tangkal jambu aér téh
aya babalongan, beunang nyieun bapa kuring. Éta balong téh ukur
dipelakan sababaraha lauk emas, jaér, sepat, jeung bogo.

Katémbong imah kuring mah rada iuh. Ti kulon ka wétankeunnana,
dikulibeng ku solokan. Kudu ngaliwatan heula sasak upama hayang tepi
ka buruan téh. Mun ngadaweung diburuan téh, témbrés kasawang sawah nu
ngaplak. Ogé katangén aya lembur anu rada anggang, katelah Dudukuy.
Aya jalan satapak anu nepungkeun lembur kuring ka Dudukuy téh.

Boa kuring mah geus dikotrétkeun ku Gusti kudu jadi anak tunggal. Ogé
nu jadi kolot téh semu wegah boga budak deui. Pajarkeun téh, "Keun baé
boga budak ukur hiji ogé, tapi sagala rupana kacumponan". Ku sabab
jadi budak hiji-hijina, rumasa kuring mah rada ogo. Atuh tepi ka kelas
tilu SMP mah, kuring téh saréna masih dibarengan ku indung bapa. Lain
taya kamar deui, tapi da éta mah paménta kolot, melang cenah.

Naék ka kelas hiji SMA, kuring geus mimiti saré sorangan. Nyicingan
kamar anu pagigir-gigir jeung kamar kolot. Ngahaja lawangna teu maké
panto, cukup dilalangséan baé. Pajarkeun éta téh kanyaah kolot, ngarah
gampang dilongokan. Ukur aya dua barang anu nyampak di kamar kuring,
lomari jeung risbang.

Saenyana, imah téh paréndéng jeung pabrik kuéh. Ukur kahalangan ku
solokan anu ngalir ka kidulkeun, sarta jalan satapak anu nepungkeun
lembur kuring ka Dudukuy téa. Éta jalan satapak téh, mangrupa jalan
utama ari keur warga Dudukuy mah, upama hayang pelesiran ka kota.
Najan aya jalan anu lian, tapi kudu mapay-mapay galeng, matak
pikawegaheun.

Ilaharna mah, éta jalan téh ukur ramé dililiwatan tepi ka sareupna. Ti
magrib ka peutingnakeun mah, geus pasti tiiseun ku nu ngaliwat. Boh
urang Dudukuy, boh batur salembur. Kapan lebah sawahna téh tacan
dilampuan, poék mongkléng. Katelah ku keueungna.

Harita, poe senén. Mulang ka imah téh téréh magrib. Geus méngbal jeung
babaturan di lapang Pasawahan. Nya ukur éta lapang méngbal hiji-hijina
anu deukeut jeung lembur mah. Lapangna rada lega, dikulibeng ku
cangkring, caringin, jeung tangkal cau.

Tepi ka imah, kuring susulumputan muru ka cai. Sieun kapanggih ku nu
jadi bapa. Pédah sok rada muncereng upama kuring ulin lila teuing téh.

Sanggeus solat magrib, tuluy kuring gégéléhéan di kamar. Boa capé
teuing, tepi ka reupna. Teu inget nanaon, tibra.

Basa mata dibeuntakeun téh, kapireng simpé. Jangkrik jeung bagejid anu
ilaharna réang di sawah, peuting harita mah teu kadéngé. Enya da
kuring lilir téh jam satengah dua peuting, teu kurang teu leuwih. Ari
awak mah karasa masih lalungsé, sésa méngbal tadi soré téa.

Kahayang mah, saré deui. Tapi teuing ku naon, najan dipeureum-peureum
ogé, tapi hésé disarékeun téh. Awak téh disangigirkeun, tapi tetep teu
bisa saré.

Selang lima menit ti harita, hawar-hawar aya sora ti béh kalér. Sora
nu leumpang, ngadeukeutan. Anu kadéngé mah éta nu leumpang téh bari
nyéyéréd bakrik. Pédah rada jelas téh da ngaliwatna ka pipir imah
pisan. Kacida jelasna, sora nu leumpang bari nyényéréd bakrik.

"Sinarieun. Wayah kieu aya anu leumpang ngaliwat ka jalan ieu." Cék
kuring dina haté. Ari awak mah nya lungsé nya ngadégdég. Biasana mah
di sisi di gigir téh aya indung bapa, ari ayeuna mah taya sasaha,
sorangan. Sok inggis éta anu leumpang téh...

Éta nu leumpang téh kadéngé bét asa beuki ngadeukeutan baé, asa
disiraheun pisan. Tapi... éta nu leumpang téh ngadadak ngarandeg lebah
sasak asup ka lawang buruan imah kuring pisan. Kolotrak pager awi téh
semu aya nu muka...enya aya nu muka. Beuki jelas, nu leumpang téh
nyéyéréd bakrikna asup ka buruan, muru kana téras. Tuluy ngarandeg
deui di hareupeun lawang imah. Tok..tok..dua kali éta nu leumpang téh
ngetrokan panto imah.

Lalaunan, kuring ngawani-wani cengkat tina risbang. Lain rék mukakeun
panto, tapi muru ka kamar kolot. Ana lol téh, enya kolot mah keur saré
bangun nu tibra. Teu tunyu tanya, tuluy ngagéléhé digigireun
maranéhna, bari nyamunikeun kasieun.

Cukup ku dua kali, éta nu keketrok téh, tuluy leumpang deui kaluar ti
buruan imah, bari tetep nyéyéréd bakrikna. Nu leumpang téh kadéngé
ngajauhan. Simpé deui.

Basa nyaring isuk-isuk, anu ngaririwaan mimiti téh nyaéta kajadian
tadi peuting. Ngahaja kuring teu balaka kasasaha. Dalah didongéngkeun
ogé, moal aya anu percayaeun.

Wanci haneut moyan, kuring dititah meuli uyah sagandu ku indung.
Warungna téh teu pati jauh, ukur kahalangan ku tilu imah baé. Tepi ka
warung, katangén nu boga warung keur uplek ngobrol jeung Ceu Ida,
bandar minyak tanah. Kieu cenah.

"Ceu Asih, tadi wengi mah aya nu keketrok ka rorompok. Ah ngahaja
tulak téh teu dibuka". Ceuk Ceu Ida.

"Tabuh sabaraha ceu?".

"Aya kana tabuh satengah duaan mah."***

Bandung, Januari 2008 

Reply via email to