Assalamu'alaikum Wr. Wb.

Wilujeng tepang nu kapihatur

Kasadaya baraya boh anu di desa katut anu dikotana atuh teu hilap kadulur
anu dilembur
anu teu tiasa kacatur wasta jenenganana.

Nyanggakeun salam kenal kawilujengan ti sim kuring :

Wasta mah Mulyana , saur pun biang mah supados Mulya salalawasna eta anu
kapiharep, Amin.

Yuswa tug dugi ka ayeuna teh kirang langkung 27 taun,

Padumukan : aslimah ti Garut , mung ngumbara di Bekasi pancegna mah di
daerah Cikarang.

Status : Tos Kulawarga , pun bojo nembe hiji ( eh.. maksad teh tos we hiji)
, gaduh putra hiji.

Padamelan : Karyawan salahsawios Perusahaan Jepang anu aya di daerah
Cikarang Bekasi.

Dina kasempetan ieu sim kuring ngahaturkeun wilujeng tepang yen ngawitan
dina dinten ieu
sim kuring ngagabung sareng ieu millist, pamugi kuayana sim kuring sing
janten manfaat,
boh ka baraya sakumna atuh pikeun sim kuring oge.

Sakitu heula nu tiasa kapihatur, Hapunten anu kasuhun.

Permios,

Wassalamu'alaikum Wr. Wb.

Mulyana (Uyan'z Asgar)


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke