nu ieu mah perkara lutung disarung! ;)) R

Lutung (atawa dina basa deungeun mah disebut ogé langur) mangrupakeun
kelompok monyét Dunya Kuna pangeusi genus Trachypithecus. Sebaranana
dibagi dua: Asia tenggara (India kalér-wétan, Cina kidul, Kalimantan,
Jawa, jeung Bali) jeung India kidul sarta Sri Langka.

Lutung boga dedegan langsing jeung buntutna panjang. Kelir buluna
rupa-rupa gumantung spésiésna, ti hideung jeung kulawu nepi ka konéng
emas. Leungeunna kawilang pondok mun dibandingkeun jeung sukuna, komo
jempolna mah; dampal leungeun jeung sukuna teu buluan. Ukuran lutung
antara 40-80 cm, sedengkeun beuratna 5-15 kg; jaluna leuwih badag
batan bikangna. Tonjolan luhureun panonna jadi pangbéda lutung ti
dulur deukeutna, surili.

Lutung hirup di leuweung, utamana leuweung hujan. Sapopoéna
gugulayunan jeung luluncatan dina tatangkalan. Najan kaasup golongan
sato beurang (sato diurnal), giatna mah leuwih loba dina wanci isuk
atawa pasosoré. Hirupna ngagorombol antara 5 nepi ka 20-an nu ngawasa
hiji wilayah, dipingpin ku hiji jalu. Sorana nu tarik ditujukeun
pikeun ngajauhkeun gorombolan lianna.

Lutung kaasup hérbivora, utamana ngahakan dangdaunan, bungbuahan,
jeung kuncup kekembangan. Kusabab kadaharanana kadang mangrupa bahan
nu heuras, burihna mibanda sababaraha 'kamar'.

Ilaharna, lutung anakan hiji-hiji, tara kembar (keureuneuhna tujuh
bulan). Anu lucu, bulu anakna téh boga kelir konéng emas, dipiara ku
sakabéh bikang dina éta gorombolan. Nincak umur sawawa mun geus 4-5
taun, lutung bisa hirup nepi ka 20 taun.

http://su.wikipedia.org/wiki/Lutung

Reply via email to