ngalalajoan bari sakalikali ngilu dina gunem catur ngeunaan ahmadyah. mumbul
hiji pertanyaan. naha bisa kuring jadi muslim nu hade sakaligus jadi warga
nagara nu alus oge? jadi muslim nu hade tangtu kudu nurut kana panuyun
alqur'an jeung hadist. jadi warga nagara nu alus tangtu urang kudu usaha
sangkan teu ngarempak hukum-hukum nu aya di ieu nagara. kuduna mah jawaban
eta pertanyaan teh: BISA. ngan basa dilarapkeun kana kasus ahmadyah... na
rarasaan kuring mah jadi: TEU BISA!..... jigana mah pedah kuring teu bisa
nangtukeun mana nu leuwih luhur Qur'an atawa Hukum positip. pan CENAH cek
"Qur'an"... "lamun aya nu samodel ahmadyah, nyawana ku urang meunang di
paehan, hartana meunang diruksak!" padahal cek hukum nagara, ngarampas nyawa
jeung harta warga nagara sejenna tanpa ngaliwatan balewatangan teh kaasup
tindak pidana... naon wae alesanna!

jadi kudu kumaha kuring... nu mana nu kudu dilepaskeun dina hal ieu, naha
identitas kuring salaku muslim? atawa ka-wni-an kuring wae kitu?

-- 
d-:
~karék cénah~


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke