Hatur Nuhun, ngke bade langsung bae ka KITLV, naha masih keneh di Gatot Subroto 
kitu caket kantor LIPI, di kompleks pejabat Tinggi tea...

Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Haturan ambu,
Ieu kasanggakeun judul buku anu munel ngeunaan Cianjuran: Sundanese Music in 
the Cianjuran Style; Wim van Zanten, Foris Publications, 1989.
Pedaran ngeunaan Bujangga Manik, Sri Ajnyana sareng Ramayana aya dina buku 
Three Old Sundanese Poems, J. Noorduyn & A. Teeuw, KITLV Press, Leiden, 2006 
(masih keneh haneut).
Baktos


----- Original Message ----
From: richadiana kartakusuma 
To: Baraya_Sunda@yahoogroups.com
Sent: Friday, April 25, 2008 8:45:18 PM
Subject: Re: [Baraya_Sunda] Mundinglaya jeung Surawisesa


Abdi janten emut kana carios Bujangga Manik
Punten kang, judul bukuna, tahuna...daabdi ge kenal sareng urang KITLV (Agatha 
Parsidi) kapungkurv kantos janten anggota...ngan ayeuna kaluar, e ku abdi bade 
dipilarian van Zanten nu ieu..."Tembang Cianjuran tea kitu ieu teh judulna ?

Hatur Nuhun

Aschev Schuraschev  wrote: Ieu aya tulisan lawas sim kuring (9 Agustus 2007) di 
milis tatangga, upami aya lepat dina nulisna, punten panglempengkeun.
Di tatar Sunda aya dongeng rahayat anu kasohor ngeunaan Mundinglaya Dikusumah. 
Dina eta dongeng disebatkeun wirehna Mundinglaya teh putrana raja Pajajaran anu 
pangkakoncarana nyaeta Prabu Silihwangi. Mundinglaya disebatkeun seueur nyorang 
kaprihatinan sareng kedah mapag jurit ngabela sesa Karajaan Sunda anu puseurna 
di Pakuan atanapi Pajajaran.

Lalakon Mundinglaya oge dijantenkeun rumpaka tembang Sunda Cianjuran. Contona, 
Lingkung Seni Dewi Pramanik dina Tembang Sunda Cianjuran Album / Volume VI 
(Album Mega Beureum), kalayan juru tembangna ibu Euis Komariah sareng bapa 
Iyus, ngaluarkeun tembang anu judulna “Salaka Domas” anu rumpakana sapertos 
kieu:

Tandang menak Pajajaran

Kadiya banteng bayangan

Sinatria pilih tanding
Tohpati jiwa jeung raga
Seja angkat mapag jurit

Najan di luhur langit

Hamo burung rek disusul

Sumujud ka ingkang rama
Prabu Agung Silihwangi
Layang domas layang domas didamel jimat nolak bala

Sinatria Pajajaran
Putra silih Silihwangi

Estu panceg mamanahan

Seja moal waka mulih

Najan nemahan pati
Mun guriang tacan tumpur

Ngesto ka ibu ka rama

Sumambat ka Maha Suci

Teguh pengkug teguh pengkuh, henteu unggut kalinduan

Raden menak Pajajaran

Upami numutkeun dongeng rahayat, lalakon ringkelna Mundinglaya sapertos kieu:
Prabu Silihwangi ngagaduhan dua garwa, nyaeta Ratu Nyai Emas (Nyimas) Padmawati 
sareng Ratu Nyimas Tejamantri. Ti Nyimas Tejamantri, Prabu Silihwangi gaduh 
putra anu jenengannana Raden Guru Gantangan. Ari ti Nyimas Padmawati, anjeunnna 
gaduh putra anu namina Raden Mundinglaya.

Guru gantangan dipercanten ku Prabu Silihwangi janten bupati di dayeuh 
Kutabarang. Guru Gantangan anu teu kagungan putra, kajabi putra kukutna, Raden 
Suntenjaya, ngarep-ngarep pisan sangkan Mundinglaya tiasa janten putrana, bade 
dirorok ti burey keneh. Kitu deui Nyi Mas Ratna Inten, bojona, ngajurung-jurung 
ka Guru Gantangan supados ngolo Nyi Mas Padmawati supados maparin orokna. Nyi 
Mas Padmawati kalintang nyaahna ka putrana. Tapi sanaos kitu diririhan ku Guru 
Gantangan mah, henteu dikoretkeun, kumargi Guru Gantangan oge teu kirang 
nyaahna ibarat ka putrana pituin.

Mangkat rumaja katangen pisan kategepan Mundinglaya. Katambih ku pasipatanana 
anu sae budi. Tebih pisan bentenna sareng Suntenjaya anu sipatna awon pisan. 
Kumargi Nyi Mas Ratna Inten nyaah pisan ka Mundinglaya, Suntenjaya janten sirik 
pisan ka Munding Laya. Guru Gantangan oge jenten timburu, gaduh sangki anu awon 
sareng ngaraos disapirakeun ku bojona. Pon kitu Suntenjaya asa kasilihkeun. Nya 
eta pisan anu ngarobih kanyaahna Guru Gantangan ka Mundinglaya janten kaceuceub 
anu ahirna Mundinglaya dikerem di pangberokan Kutabarang, ku margi dianggap 
ngalakukeun lampah nirca, sanaos harita Mundinglaya the masih kacida rumajana.

Di Pajajran, puseur karajaan Sunda, harita teh nuju meujeuhna angkeub, halodo 
entak-entakan sareng seueur jalmi nu kaserang kasawat. Katambih tumuwuhna 
pacengkadan di lingkungan kulawarga karaton sabadana Mundinglaya diberok.

Dina hiji waktos Nyi Mas Padmawati ngimpen ningali Layang Salaka Domas nu aya 
di Jabaning Langit kalayan dijaga ku Guriang Tujuh.. Dina impenannana, aya 
wartos wirehna sing saha anu tiasa ngengingkeun eta layang, baris kenging 
kahormatan, kabagjaan, katengtreman, karaharjaan sareng kasalametan kanggo 
nagara miwah rahayatna. Eta impenan dicarioskeun ka Prabu silihwangi. Prabu 
Silihwangi hemeng galihna henteu percanten bakal aya jalmi anu sanggem angkat 
ka Jabaning Langit bari nyandak Layang Salaka Domas tina kakawasaan Guriang 
Tujuh; asa pamohalan pisan.

Antukna Prabu Silihwangi ngayakeun gempungan di pasewakan kangggo nangtoskeun 
saha anu sanggem ka Jabaning Langit. Pasewakan diluuhan ku rahayat Pajajaran, 
Nyi Mas Tejamantri, Guru Gantangan sareng putrana, Suntenjaya. Tapi henteu aya 
saurang oge anu nembongkeun kasayagianana. Ki lengser, ngusulkeun supados 
Mundinglaya anu aya di pangberokan Kutabarang oge ditaros.

Sanaos usulan ki Lengser henteu disatujuan ku Suntenjaya sareng Guru Gantangan, 
nu ngariung rempug satuju kana usul ki Lengser. Mundinglaya diusulkeun supados 
enggal dibebaskeun. Patih Gelap Nyawang sareng Kidang Pananjung nyuhunkeun idin 
ka Guru Gantangan supados ngaluarkeun Mundinglaya tina pangberokan.

Saparantosna ngalakonan sadaya panalek ti balarea, Mundinglaya kalawan henteu 
ngawagu langsung bae nampi sagala pancen ti ramana, Prabu Siliwangi. Patih 
Gelap Nyawang jeung Kidang Pananjung gasik tatahar kanggo miangkeun Mundinglaya 
ka Jabaning Langit.

Sababaraha dinten Mundinglaya dilatihan perang sareng rupi-rupi elmu gelut 
sinareng ngagunakeun rupi-rupi pakarang kanggo mayunan sagala hahalang dina 
lalampahanana. Oge henteu kakantun Mundinglaya diancrubkeun kana Leuwi 
Sipatahunan supados beresih jiwana.
Dina dinten anu tos ditangtoskeun Mundinglaya angkat, kalawan pangesto ti ibu 
sareng ramana, diiring ku Gelap Nyawang sareng Kidang Pananjung, oge ti sakumna 
rahayat Pajajaran. 

Kumargi Mundinglaya henteu kantos aangkatan ka luar Pajajaran, anjeunna henteu 
terang jalan. Sumerah ka nu Maha Kawasa, Mundinglaya angkat ngalangkungan 
leuweung geledegan kanggo ngajugjug Jabaning Langit. Dina lalampahan ka 
Jabaning Langit, Mundinglaya ngalangkung ka karajaan bawahan / karajaan alit 
nyaeta karajaan Muaraberes atanapi nagri Tanjung Barat (nua aya di Pasar Minggu 
Jaksel kiwari). Di eta nagri, Mundinglaya papendak sareng Dewi Asri. Dewi Asri 
anu dikenal oge sabage Dewi Kania atanapi Dewi Kinawati teh putrina Mental 
Buana incuna Munding Kawati. Mundinglaya sareng Dewi Asri kedal pasini jangji 
bade patepang deui saparantos Mundinglaya rengse mancen tugas ti ingkang rama.

Salajengna Mundinglaya dijajap ku Patih Gelap Nyawang sareng Patih Kidang 
Pananjung oge teuteup Dewi Asri.. Patih Gelap Nyawang jeung Patih Kidang 
Pananjung gura-giru nyayagikeun parahu kanggo Mundinglaya ngajugjug Atas Angin. 
Dugi ka Pulo Putri. Patih Kidang Pananjung sareng Patih Gelap Nyawang 
dipiwarang nungguan Mundinglaya dugi ka rengsena ngemban pancen nyangking 
Layang Salaka Domas.

Lalakon lalampahan Mundinglaya salajengna sihoreng sanes nyorang jalan 
ngabulungbung anu caang padang narawangan, malihan jalan anu rembet, rumpil 
sareng seueur cucuk rungga sareng rangrangna anu ngahalang-halang kana lajuna 
lalampahan Mundinglaya. Namung sanaos kitu anjeunna henteu unggut kalinduan. 
Tekadna buleud disarengan ku kasadaran wireh anjeunna baris nyorang sagala 
hahalang.

Dina lalampahan anjeunna pendak sareng raksesa Jonggrang Kalapitung anu 
ngahalangan jalanna. Numung eta raksesa tiasa diayonan ku Munding Laya..

Rengse ngayonan Jonggrang Kalapitung, Mundinglaya reureuh heula. Ngumpulkeun 
deui lelembutanana anu kabengbat ku urusan gelut. Mundinglaya nyangsaya kana 
tangkal katapang nyawang pilampaheun anu natrat na angen-angenna.. Manahna 
manteng ka Nu Maha Agung sangkan laksana panedana. Sukmana kumalayang ngambah 
awang-awang.

Kalawan dijajap ku Jonggrang Kalapitung, Mundinglaya naek ka langit kahiji, 
kadua, katilu, sareng saterasna dipungkas dugi ka langit anu katujuh. Di langit 
ka tujuh Mundinglaya paamprok sareng Guriang Tujuh anu ngajaga layang salaka 
domas. Mundinglaya nyarioskeun maksadna wireh anjeunna peryogi layang salaka 
domas kanggo nagarana anu nuju nyorang katunggaraan, pacengkadan, kasawat 
sareng hahalodoan. Namung eta layang henteu dipasihkeun ku Guriang Tujuh.

Mundinglaya mesat keris. Namung dumadakan aya gelap ngabaranyay disarengan sora 
ngajegur matak katorekan. Mundinglaya tipental, ragrag ka langit kagenep 
ngalempreh teu empes-empes.

Di kahiyangan, para pohaci pating lalengis maridangdam. Utamina pohaci 
Wirumananggay anu kacida prihatinna ningali Mundinglaya ngalungsar ngababatang. 
Mundinglaya disangkeh terus disenderkeun dina lahunan, lalaunan 
embun-embunanana ditiup bari diparancahan.

Saparantos Mundinglaya hirup deui, Nyi Pohaci mamagahan anjeunna supados henteu 
ngalawan ku cara anu heuras malih kedah ngalawan ku kasabaran, nurutkeun kumaha 
kahayangna. Mundinglaya naek deui ka langit katujuh. Pendak deui sareng Guriang 
Tujuh. Guriang Tujuh ngawitan ngaharegaan kana karep Mundinglaya anu gaduh 
tekad bade ngadamel kasaean. Layang Salaka Domas dipaparin ka Mundinglaya.

Di Kutabarang, Suntenjaya sasat jigrah saangkatna Mundinglaya ka Jabaning 
Langit. Asa mobok manggih gorowong, aya jalan komo meuntas. Meungpeung 
Mundinglaya nuju suwung di nagara, Suntenjaya bade maranan Dewi Asri kanggo 
diolo supados kersaeun dijantenkeun bojona. Sunten Jaya mepeg wadia balad miang 
ke Muaraberes.

Dina waktos anu harengheng, Mundinglaya dugi ka Pajajaran teras ka Muaraberes. 
Sunten Jaya kasoran mundur ti Muaraberes. Salajengna Prabu Silihwangi ngangkat 
Mundinglaya janten raja di Pajajaran kalayan gelar Mundinglaya Dikusumah. 
Henteu lami ti harita Mundinglaya ngajodo sareng Dewi Asri.. Pajajaran janten 
aman deui sareng subur makmur.

Kitu upami lalakon raja Pajajaran versi cutatan budaya (dongeng rahayat). 
Lalakonna dikaitkeun sareng kayakinan urang Sunda waktos harita anu percanten 
ayana Nyi Pohaci, guriang sareng unsur Sunda wiwitan sanesna. Panginten ieu 
dongeng teh kawitna diserat atanapi dicipta ku anu mikacinta Mundinglaya, raja 
karajaan Sunda pamungkas. Suntenjaya anu diposisikeun sabage musuh Mundinglaya 
disebat pihak anu awon.

Dumasar cutatan urang Portugis, Mundinglaya teh identik sareng pangeran 
Surawisesa, putrana Sri Baduga Maharaja, anu kenging gelar Ratu Sanghiyang 
saparantos jeneng janten raja Sunda.

Dikawitan tina silsilah, Jayadewata, raja Galuh (anu kawéntar ku sebatan Prabu 
Silihwangi saparantos jeneng janten raja di Galuh), nikah ka Subanglarang 
(puteri Ki Gedeng Tapa anu janten Raja Singapura). Subanglarang ieu alumni 
pasantrén Pondok Quro di Pura, Karawang. Ti Subanglarang, Jaya Dewata 
ngagaduhan putra anu jenengananan Cakrabuana atanapi Walangsungsang. 
Walangsungsa ngagaduhan putra nu jenengannana Syarif Hidayatullah anu saterasna 
janten raja Cirebon .

Jaya Dewata saterasna nikah ka Kentring Manik Mayang Sunda (puteri Prabu 
Susuktunggal, raja karajaan Sunda anu puserna di Pakuan atanapi Pajajaran). Ti 
waktos eta Jaya Dewata janten Raja Sunda anu kakawasaanana ngawengku ogé Galuh 
sareng saterasna gaduh gelar Sri Baduga Maharaja. Ti Kentring Manik Mayang 
Sunda, Sri Baduga ngagaduhan putra makuta anu namina Surawisesa.

Antawis Sri Baduga di Pakuan Pajajaran sareng putuna, Syarif Hidayatullah, di 
Cirebon, katinggalna kirang harmonis kumargi aya totonden Cirebon bade 
misahkeun diri. Wartos to urang Portugis nyarioskeun wirehna Surawisesa kantos 
diutus Sri Baduga kanggo nepangan Alfonso d'Albuquerque di Malaka kanggo 
ngadamel perjanjian dagang sareng nyuhunkeun bantosan kanggo ngamankeun 
karajaan Sunda. Anjeunna angkat ka Malaka dua kali (1512 sareng 1521). Upaya 
diplomatik éta didasarkan ku kasalempang Sri Baduga Maharaja sawaktos-waktos 
baris aya invasi Cirebon anu dirojong/dibantos ku Demak.

Miangna Surawisesa ke Malaka dina warsih 1512 henteu langsung ngabuahkeun 
hasil. Portugis mung ngirim tim ekspedisi penjajagan dina warsih 1513. Tome 
Pires lebet janten anggota ekspedisi eta.

Angkatna Surawisesa ka Malaka anu kadua kalina dina warsih 1521, aya hasilna 
nyaéta dongkapna utusan Portugis anu dipingpin ku Hendrik de Leme (iparna 
Alfonso) ka dayeuh Pakuan dina warsih 1522. Dina rembugan diplomatik anu kadua 
éta disatujuan ku dua pihak (Sunda sareng Portugis) ngeunaan perdagangan sareng 
kaamanan.. Dina warsih eta oge, Portugis dongkap ka Kalapa kanggo mancegkeun 
padrao, batu prasati. Saur sumber Portugis, dina waktos éta Surawisesa parantos 
dinobatkan ku Sri Baduga janten raja Sunda kalayan gelar Ratu Sanghiang.

Dina taun 1522, karajaan Sunda sareng Portugis ngadamel jangji-pasini dina 
tulisan rangkep dua, dimana masing-masing pihak nyepeng hiji. Dina 
jangji-pasini éta disatujuan wiréhna Portugis baris ngadegkeun benteng di 
Banten sareng Kalapa. Ku kituna unggal kapal Portugis anu dongkap baris 
dipasihan muatan pedes anu bakal digentoskeun sareng barang-barang kaperyogian 
anu disuhunkeun ku pihak karajaan Sunda. Saterasna dina waktos benteng ngawitan 
diwangun, pihak Sunda bakal maparin 1000 karung pedes unggal warsih seueurna 
dua "costumodos" (kirang langkung 351 kuintal). Namung pangwangunan benteng 
henteu tiasa langsung dilaksanakeun.

Saparantos Prabu Silihwangi wafat, kinten-kinten warsih 1526 / 1527, Cirebon 
ngawitan kumawantun narajang palabuhan Sunda Kalapa. Jangji pasini Sunda – 
Portugal henteu tiasa dilaksanakeun jalaran bantosan Portugis dongkapna telat 
ku margi Francisco de Sa anu dipasihan pancen ngawangun benteng kabujeng 
diangkat janten Gubernur Goa di India. Angkatna armada Portugis ka karajaan 
Sunda disiapkeun ti Goa ngagunakeun 6 kapal. Galiun anu ditaekkan ku De Sa 
sareng eusi parabot kanggo ngawangun benteng kapaksa dikantunkeun alatan armada 
ieu ditarajang angin puyuh lilimbungan di Teluk Benggala. De Sa sumping di 
Malaka warsih 1527.

Ekspedsi Portugis ti Malaka ka Sunda dilaksanakeun taun 1527. Kawitna ekspedisi 
teh ngarah ka Banten, tapi ku margi Banten tos dikawasa ku raja Hasanudin, 
lalampahan diteraskeun ka Palabuhan Kalapa. Tapi armada kasebat henteu terang 
yen Cirebon tos ngarebut Sunda Kalapa ti Karajaan Sunda, kapalna badarat caket 
teuing ka basisir anu antukna janten mangsa pasukan Cirebon. Ku margi kapal 
Portugis ngalaman kareksakan anu beurat sareng korban anu seueur, kapal 
Portugis ieu kabur ka Pasai. Warsih 1529 Portugis nyiapkeun 8 kapal kanggo 
ngabales serangan Cirebon, namung batal.

Perang karajaan Sunda sareng Cirebon teras lumangsung salami 5 warsih. Nanging, 
Cirebon henteu wantun naék ka darat, prajurit karajaan Sunda oge henteu wantun 
turun ka laut. Cirebon sareng Demak ngan ngawasa dayeuh-dayeuh palabuhan. Mung 
di bagian wétan pasukan Cirebon hasil nembus langgkung jero ka beh kidul ku 
karebutna Talaga (karajaan bawahan Sunda), benteng pamungkas karajaan Sunda di 
Galuh. Ti waktos harita Cirebon janten lemah sareng henteu ngalakukeun ekspansi 
deui.

upami ditilik nami patempatan sareng tokoh lalakon Mundinglaya sareng 
Surawisesa, nyebatkeun nami tempat sareng jenengan tokoh anu benten.
Sri Baduga Maharaja dina sumber historis (prasasti sareng cutatan urang 
Portugis) dina dongeng Mundinglaya disebat Prabu Silihwangi.

Kentring Manik Mayang Sunda disebat Nyi Mas Padmawati

Subanglarang disebat Nyimas Tejamantri.
Surawisesa disebat Mundinglaya.
Cakrabuana atanapi Walangsungsang disebat Guru Gantangan.
Syarif Hidayatullah disebat Sunten Jaya
Karajaan Sunda disebat Karajaan Pajajaran
Cirebon disebat Kutabarang
Malaka disebat Jabaning Langit
Padrao (tugu prasasti) atanapi serat perjanjian disebat layang salaka domas
Urang Portugis anu ditepangan dua kali di Malaka disebat Guring Tujuh.

Ngeunaan gelar Prabu Silihwangi, bapa Edi S. Ekajati, ngutip seratan bapa 
Ayatrohaedi anu nyindekkeun wirehna Prabu Maharaja, raja Sunda (1350-1357) anu 
gugur di palagan Bubat kenging gelar Prabu Wangi anu ngandung hartos raja anu 
seungit namina kumargi kalayan gagah perkosa mempertahankeun kahormatan nagara. 
Putrana Prabu Wangi nyaeta Prabu Niskala Wastu Kancana mimpin karajaan Sunda 
(1371-1475) kalayan wijaksana sahingga nagara janten subur makmur loh jinawi. 
Ku margi kitu Prabu Niskala Wastu Kancana namina seungit nyambuang sanagara. Ku 
kituna, anjeunna dipaparin gelar Prabu Silihwangi anu ngandung hartos gegentos 
Prabu Wangi. Jenengannana tos diabadikeun dina sumur jalatunda di Brebes 
(Banyumas? hilap deui) waktos Bujangga Manik (wiku sareng ahli geografi Sunda) 
ngalangkung ka wewengkon Jawa.

Waktos Sri Baduga Maharaja, incuna Prabu Silihwangi, marentah karajaan Sunda 
(1482-1521) kalawan nyandak karajaan kana kaayaan gemah ripah loh jinawi, 
dipaparin gelar anu sami sareng eyangna nyaeta Prabu Silihwangi (Ayatrohaedi, 
1997: 48-51).

Janten lebet akal upami Sri Baduga Maharaja disebat Prabu Silihwangi dina 
dongeng-dongeng Sunda.

Ngeunaan Surawisesa sabage Mundinglaya tiasa kahartos alatan anjeunna teh 
carogéna putri ti karajaan Muara Beres, persisna nagri Tanjung Barat anu rajana 
ngagunakeun gelar atanapi sebutan Munding sapertos Munding Kawati. Panginten 
Mundinglaya teh gelar anu dipaparin kulawargi karajaan Tanjung Barat kanggo 
Surawisesa.

Karajaan Sunda disebat karajaan Pajajaran alatan karajaan Sunda dina jaman anu 
nyerat dongeng (bujangga / sastrawan) hirup parantos henteu jiga kapungkur, 
wilayahna ngaheureutan dimana Banten sareng Cirebon tos ngaleupaskeun diri ti 
ibukota karajaan (Pajajaran). Janten nami karajaan digentos ku nami puseur 
dayeuhna. Ti saprak Banten sareng Cirebon mapan, wewengkon Sunda kabagi ku tilu 
kakawasaan enyaeta Sunda Banten, Sunda Pajajaran sareng Sunda Cirebon.

Malaka disebat Jabaning langit jigana ku margi pohara tebihna.

Padrao disebat layang salaka domas alatan padrao ngarupikeun tulisan ( surat ) 
anu ditulis dina batu (domas?).Urang Portugis disebat guriang tujuh kumargi 
kacida hesena mayunan / komunikasi sareng eta bangsa (panginten alatan bénten 
basa anu digunakeun) sareng hese belekena Portugis kanggo masihan bantuan. 
Kadongkapan Surawisesa anu kahiji (warsih 1512) henteu langsung aya hasilna).

Anu nyerat dongeng Mundinglaya oge panginten sakalian ngalebetkeun nilai-nilai 
kayakinan anu aya waktos harita sapertos unsur-unsur Sunda Wiwitan upamina wae 
Nyi Pohaci sareng guriang. Nilai-nilai Islam oge mangaruhan eta dongeng 
sapertos lalampahan Mundinglaya ti langit kahiji dugi katujuh anu sapertos 
perjalanan isra miraj nabi Muhammad.

Atanapi mungkin wae aya alesan sanesna; upamina wae kreativitas para bujangga 
Sunda anu palay tampil béda sahingga lalakon Mundinglaya rada benten sakedik 
sareng aslina (jalan hirup Surawisesa). Hal ieu kajantenan dina carita anu 
eusina kalebet lalakon wayang, namung lalakonna sareng struktur cariosanna 
ngawangun lakon pantun sareng eusina mahiwal benten sareng versi Jawa atanapi 
Malayu anu diadopsi ti ajaran Hindu.

Numutkeun bapa Edi S. Ekajati, sastrawan Sunda ngadamel carita Ramayana anu 
kacida béntenna. Carita anu dimaksad nyaéta Ramayana dina naskah lontar kropak 
no. 1102 anu kiwari disimpen di Musium Sri Baduga Bandung. Dina Sanghyang Siksa 
Kandang Karesian, Ramayana kacatet sabage carita anu biasa dilakonkeun ku memen 
(dalang?), sami sareng lalakon wayang sanésna, nyaéta Adiparwa, Korawasarma, 
Bismasarga. Namung lalakon Ramayanan naskah kropak no. 1102 jalan carios sareng 
tokoh utamana henteu sami sareng carita Ramayana umumna, anu sumberna ti India, 
nyaéta nyarioskeun peperangan Rama sareng Rahwana katut wadyabaladna alatan 
Rahwananyulik Dewi Sinta, permaisuri Rama (Stutterheim, 1925; Ikram, 1982).

Lakon Ramayana versi bujangga Sunda anu diserat nganggo aksara sareng basa 
Sunda Kuna nyarioskeun pasca perang kasebut anu ngabalukarkeun Rahwana sareng 
kulawarga katut wadyabaladna tiwas di medan paperangan, saterasna lahir putera 
Rama namina Prebu Bujanggalawa sareng ogé putera Rahwana anu jenengannana Prebu 
Manabaya. Prebu Manabaya nungtut bales tiwasna rama, ibu, sareng barayana, anu 
ngabalukarkeun paperangan antawis Prebu Bujanggalawa sareng Prebu Manabaya.


=== message truncated ===

       
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.

[Non-text portions of this message have been removed]

Reply via email to