Kang KAsep maca ieu  lamum urang mikir sagala buatan kafir atawa anu
dibogaan Kafir teu meunang dipake...Waduh..urang kamana mana leumpang jeung
bulucun..maenya shalat oge bulucun....Aya anu nayrios ..make buatan urang
islam sorangan..anu murni ! Anu mana ?

Loba di Majalaya ! Ah bohong ? Leres cik tingali ku nyalira...seueur sarung
sareng aken buatan Majalaya buatan pak haji...tulen slam. Tos weh
ditingali..aeh ari mesin Tinunna...buatan kafir...Obta celepna nganngo
Inantren..buatan kafir Jerman deui...lampu di pabrik jeung diimah pak haji
buatan kafir oge...kacamata pak Haji..la illah Rodenstock jeung lensa2na
buatan kafir oge tah...bacacaran kantong plastik buatan pabrik babah Acoy
oge.....bahan dasarna ti Hongkong deui....panjang..terus..........

On 4/25/08, KAsep <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Hehehe... puguh ge siga anu ngabangun masjid.... terus pas mentaan
> sumbangan
> ka warga nu pang badagna nyumbang ... Si Engko jeung Si Enci tea ;))...
> puguh atuh Pa Lebe molotot... ulah ditarima ceunah duit na eta mah duit ti
> jalma kafir... sok biasa ngadaharan daging babi engkena masjidna jadi
> haram
> ;))... puguh we atuh babaturan abdi lieureun... haaar Pa... naha bet
> sumbangan ti pamarentah kota mah bet di tarima? Pan eta oge duitna tina
> hasil pungutan pajeg... anu gedena ti pangusaha jeung padagang ... anu
> lolobana mirip siga si Engko jeung si Enci?? Puguh atuuuuuh dikitukeun mah
> Pa Lebe ngahuleng ;)).
>
> Salam Lieur,
>
> KAsep
>
> From: Baraya_Sunda@yahoogroups.com <Baraya_Sunda%40yahoogroups.com>[mailto:
> Baraya_Sunda@yahoogroups.com <Baraya_Sunda%40yahoogroups.com>] On
> Behalf Of Waluya
>
> "Pa Yoseph Pak, ti kampung Legok Hangseur, anjeunna anggota perseketuan
> Gereja di Kampung eta", ceuk petugas PMI teh ngabejaan saha-sahana nu
> ngadonorkeun darahna keur si Itok.
>
> "Hah!? ...incu aing diasupan GETIH KAPIR?", Mitoha si Kabayan ngagorowok
> tarik pisan. "Kurang ajar maneh Kabayan, aing teu sudi incu aing diasupan
> getih kapir, kumaha lamun manehna samemehna ngadahar daging babi. Apan
> ceuk
> Mama Ajengan oge unsur babi ngendong dina awak aya sababaraha poena?
>
> "Sadaya-daya Abah, nyanggakeun we kumaha Abah. Urang candak deui we atuh
> Abah?", ceuk si Kabayan ngalengis.
>
> "Ah entong Jang!", Ceuk Mitohana teh leuleuy .........
>
> Baktos,
> WALUYA
> [Nu kungsi ngalaman hal nu sarua]
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
> 
>


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke