Da Muhun atuh, Abhah! panganggo SUNDA SAJATI mah kdahna nu kieu....mun Urang 
SUNDA balik deui "ngeunteung" kana sajarah KARUHUN teh sanes pedah 
"babaheulaan" atanapi "kabaheulaan" tapi apanan sagala nu ngajadi kumelenang di 
alam dunya oge jagat semesta aya sajarahna....pon kitu nu hampang 
weh...caringin sakitu tohagana kuat ka janggotan banget ku kolot...apanan tina 
siki heula nu sagede cenet...henteu ujug2 ngabelegedeg....

mun urang teu kawengku sajarah kabuhunan....moal terang jaan hirup pakeun 
nikreuh atuh...poek mongkleng buta rajin mareuman damar....heeheheh

Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                             From: "Rahman" 
<[EMAIL PROTECTED]>
 > Sifat Kabayan jeung Mundinglaya AYA di tiap jelema atawa individu
 > urang Sunda. Da memang ieu pasifatan teh memang made in Sunda. Aya di
 > kuring, aya di Akang, aya di saha bae oge anu ngaku SUnda. Anu beda
 > mah ... di tiap individu Sunda beda2 kadar sifat Kabayan jeung sifat
 > Mundinglaya na. Ieu mind set teh ceuk kuring mah aset anu hade. Ngan
 > tergantung cara na kumaha urang ngokolakeunnana. Loba teuing Kabayan
 > ulah, loba teuing Mundinglaya... oge kurang hade. Anu hade mah, antara
 > sifata Kabayan jeung sifat Mundinglaya kudu balans.
 
 Sabenerna aya buku kenging Ayip Rosidi, "Manusia Sunda", nu 
 ngahubung-hubungkeun sifat urang Sunda jeung tokoh-tokoh imaginatif jaman 
 baheula teh. Ceuk Pa Ayip manusa Sunda teh aya nu siga Mundinglaya contona : 
 Pangeran Kornel anu tuhu pisan kana parentah dunungan,  sareng turunanana 
 Martanagara & Pangeran Suriatamaja. atuh ayeuna (jaman buku eta ditulis) 
 Umar Wirahadikusumah nu satia ka atasan. Pa Umar tetep bungkem dugi ka 
 wafatna soal kajadian G30S, padahal anjeunna pasti terang pisan, sabab 
 harita anjeunna Pangdam Jaya. Aya oge nu ngadeukeutan Si Kabayan, contona 
 KH, Hasan Mustapa,  Budayawan   jeung Kiai. Haji Hasan Mustapa sering 
 disebut Kiai "mahiwal", da sakapeung sok beda jeung nu ilahar. Malah cenah 
 di waktos geus sepuh pisan, langkung seueur intropeksi diri.
 
 Aya deui nu diantara Mundinglaya jeung si Kabayan, siger tengah tea meureun. 
 Conton Ali Sadikin: wanian,  tegas, satia tapi sakapeung sok nyeungseurikeun 
 dirina sorangan (Hubungan Pa Ayip jeung Ali Sadikin cenah mah kaetang caket, 
 mana terang oge Pa Ali Sadikin sok nyeungseurikeun kalakuanana nyalira).
 
 Nu teu kapendak ku Pa Ayip teh Otto Iskandardinata. Ieu tokoh hese milarian 
 babandinganana jeung tokoh-tokoh "imajinasi" urang Sunda baheula. Pa Otto 
 tokoh pergerakan kemerdekaan Indonesia, nu nyiptakeun gorowok "Merdeka", 
 pupus teu puguh raratanana. Pa Otto sifat "anyar" urang Sunda kitu?
 
 Ari Pa Ayip kalebet ka tokoh nu mana nya? Pa Ayip manusa langka urang Sunda, 
 nu teu boga ijasah SMA tapi jadi Professor .........
 
 Baktos,
 WALUYA
  
 
 
     
                                       

       
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke