ari /banteuang/ teh naon ambu?
asa seueur kecap nu tungtungna /ang/ teh: longkewang, honcewang,
sumoreang, kojengkang, aya pakaitna kitu sareng /banteuang/

nuhun,
mh

On Sun, May 25, 2008 at 2:54 PM, richadiana kartakusuma
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> hiiiiiiiiiiihh banteuang nya
> oongan bae bari ngabayankeun nya moal terang
> kadieu.....kang Rahman.......ka lembur
>
> --- Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>>
>> >
>> > Nu teu kaharti teh...Piraku euweuh sesa2 na acan?
>> Atuh, paling henteu
>> > fondasi na we? Paling henteu bisa direkonstruksi
>> deui... kumaha MEGAH
>> > na eta istana teh?
>> >
>>
>> Nyambung deui, rek nguseupan reaksi baraya sejen na.
>> Ari kangaran
>> diskusi mah pan kudu barempug lin? Mun kuring
>> ngacapruk sorangan...
>> atuh LAIN diskusi, tapi ceuceuleuweungan... he he
>> he....
>>
>> Dina diskusi kudu aya nu satuju... atawa teu satuju
>> kana topik nu
>> diajukeun. Sabisa2 kudu OBYEKTIF. Hartina dina
>> nempokeun
>> ka(teu)satujuan kana hiji topik ulah ngan ukur
>> nganteur karesep,
>> kanyaah, kaagul, pihormat jlte. Sikep obyektif kudu
>> ditempokeun ku
>> (adu) argumen perkara topik na (obyek) na wungkul,
>> bari dikuatan ku
>> argumen jeung bukti2 FISIK (mun aya), atawa runtutan
>> logika.
>>
>> Nu subyektif? Merekedeweng make argumen anu teu
>> kaharti ku akal.
>> Kamungkinan nu aya jalan na ditutupan!
>>
>> Obyektif? Nempo hiji masalah ti kajauhan, make
>> intrumen logika jeung
>> dijujut SAKABEH kamungkinan nu aya. Oge, unsur emosi
>> jeung parasaan
>> KUDU dieliminer.
>>
>> Balik kana bukti paninggalan karajaan SUnda nu
>> disebut di luhur.
>> Aya hiji deui ganjelan anu rada teu kaharti.
>>
>> Nempo paninggalan budaya2 sejen. Sok rada katempo
>> unsur planologi na.
>> Anu kangaranan istana mah biasana sok jadi puseur
>> 'perkotaan'. Ari
>> kota kasundaan pernah aya kitu? Nepi ka ayeuna can
>> kapanggih bukti na.
>> Atawa MEMANG urang SUnda harita teu cicing di kota.
>> DIna harti karuhun
>> urang teu boga struktur masyarakat kota?
>>
>> Nempo kota2 nu aya di Jakul (Jabar) ayeuna,
>> KABEH...enya kabeh buatan
>> Walanda!!! Kota Banten jeung Cirebon heubeul bisa
>> oge jadi buktin
>> planologi Sunda, ngan eta mah kabehdieukeun lin?
>>
>> Enya kitu? Teuing... sigana kudu ditalungtik deui.
>> Enya henteu na yen
>> masyarakat Sunda LAIN masyarakat perkotaan.
>>
>> baktos,
>>
>> Rahman
>>
>>
>
>
>
>
>
> ------------------------------------
>
> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
> http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda
>
>
> [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links
>
>
>
>

Kirim email ke