Manusa ngaku mangkeluk pang muliana di dunya, malah meureun di
universe, da acan kabuktian aya mangkeluk sejen di luar angkasa.
Manusa oge embung dianggap sarua jeung monyet, tepi ka kekepehan.
Ngan sakapeung manusa teu konsisten jeung sikepna. Waktu maranehna
gering, maranehna neangan ubar. Supaya ubar aman didahar ku manusa,
dicobaan heula ka monyet.

Naha make dicobaan heula ka monyet? Lain manusa teh teu sarua jeung
monyet? Ah nya duka teuing, nu jelas keur para monyet ieu
kasangsaraan. Di Indonesia monyet ditewakan, terus dikarantina di
pulo kosong deukeut Ujung Kulon. Geus kitu dipilihan nu jagjag
waringkas, diasupkeun kana kandang, terus diekspor ka mancanagara
keur industri farmasi.

Di ditu, eta monyet teh dgeringan disuntik panyakit, terus dibere
ubar. Lamnu cageur ...ieu ubar aman keur manusa. Ngan tangtu we keur
monyet mah jadi siksaan, sigana lamun jelema mending paeh digebug
sakaligus, tinimbang disiksa dibere panyakit. Manusa oge sanajan
embung disebut "dulur misan"na Chimpanse, tapi kungsi chimpanse
dipaehan diala jantungna, ditranspalasikeun ka jelema. Anehna eta
jelema teh hirup sanajan teu lila, ukur sabulan ....

Sigana nu paling teu resep kana elmu biologi komo kana teori Evolusi
mah, nya para monyet ieu. Maranehna jadi korban ku teori nu
nyebutkeun monyet "dulur misan"na manusa!

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke