ieu Abah KURATOR, resep pisan nganggap si Uing...nya hantem bae sina 
ngecebrek...boa baroseneun batur mah...


----- Original Message ----
From: mh <[EMAIL PROTECTED]>
To: Baraya_Sunda@yahoogroups.com
Sent: Tuesday, June 10, 2008 10:37:12 AM
Subject: Re: [Baraya_Sunda]Haturan Abah IWA


tah ambu, sok kaluarkeun resep dapurna, engke urang judulan "resep ambu."

On Tue, Jun 10, 2008 at 11:26 AM, richadiana kartakusuma
<richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com> wrote:
> Jaman Budak Abah...kitu soteh ayeuna mah tos kasiweur saweur sareng nu namina 
> gado2 ...komo di Jakarta mah...sagala mani asa cawerang...enyaan yeuh abdi 
> janten hayang muka warung mun pangsiun jaga (usul Abah Harja)..ngarah KiSunda 
> nyimpang...tapi dimana nya pas na...abdi mah deuk husus bae tuangeun SUNDA. 
> Sakaterang abdi mah urag Sunda mah nu disebat LOTEK teh kieu
>
> Bungbu:
> - Uyah, tarasi, cikur, beuleum bw.bodas + beuleum bw beureum, cengek oge cabe 
> beureum, gula beureum, kacang taneuh (kenging nyangray/goreng) , asem kawak 
> direndos dugi ka lembut tambihan seupan boled/kumeli kanggo ngentelkeun 
> ...cur cai asal kuled bae tong encer teuing....pasihan jeruk purut
> - bru lalab seupan (nangka, toge, kangkung, waluh, saladah cai, kacang 
> panjang) galokeun, awuran kurupuk aci, bw goreng...tos we, mung hoyong tiasa 
> ditambih tahu, kentang > sagalana direndos ngadadak harita
>
> kumaha nu ayeuna mah..> ari "am" teh teu tarasi, teu cikur, teu bw.bodas teu 
> bw beureum > tapi ngakuna dina iklan ngajebag "LOTEK BANDUNG" cnah...
> Harrrrrr
>
> Nu unik deui KAREDOK (LOTEK ATAH) tapi kacangna digentos ku beuleum 
> Oncom...carana sami oge bungbuna, tapi lalabna atah sadayana..nu khas teh 
> terong hejo, terong ungu, kacang panjang, engkol, bonteng, surawung!
>
> Aya deui sarupaning RUJAK khas NYUNDA
> Rujak Hiris
> Rujak Beubeuek
> Rujak Selong
> Rujak Honje (tah ieu pang RAOSna)
>

Rujak Honje? walah ieu mah karesep yeuh, upama naek kareta ti bandung
ka surabaya, sapanjang jalan teh unggal statsiun beda-beda nu dagang
asongan teh. ti mimiti ladu, goreng hayam, nepi ka rujak honje, asana
mah di daerah kroya.

Aya nu kaliwat ambu: KAREDOK LEUNCA. kulantaran karesep, ngahaja mekel
binihna dipelak di borneo. mimitina mah, araneheun, nalika sina
ngaraosan karedok leunca full cikur tea, karek seuhah deudeuieun.

salam,
mh
    


      

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke