--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, Yayan Komara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Patarosan kuncina:
> 1. kumaha kesang tukangna (maksud teh sejarah latar belakangna kitu
tah) naha unggulna nagara-nagara nu disebut nagara kapitalis teh aya
hubungan jeung kabijakan maranehna pikeun ngajajah nagara-nagara di
asia afrika baheula? naha kakayaan jeung waktu luang (sehingga bisa
ngayakeun panalitian dina berbagai bidang elmu) akibat hasil ngajajah
baheula?


haturan Kang YK,

Kamana wae euy. Tong ngadepong wae atuh he he he...  Nyambung deui
jeung diskusi ti heula Kang. Resep kuring mah ngobrol jeung Kang YK.
Bari teu perlu silih poyok....

Lebah dinya kuring satuju Kang. Nagara2 kapitalis anu mala'mur ayeuna
baheula dimodalan ku imperilismeu. Eta fakta anu teu bisa dibantah!

Ngan lebah babak ka dua mah rada beda. Kuring rek nyokot conto anu
deukeut, oge anu patali jeung bangsa urang.

NL baheula ngerukan kakayaan RI. Eta fakta sajarah nu teu bisa
dipungkir. PD II NL dirurug Jerman nepi ka beak. Rotterdam sabage
puseur ekonomi NL harira dibom nepi ka rata. Kabeh wilayah NL ancur!

Saenggeus PD II aya kelompok sosialis di NL oge anu milu ngawangun
deui NL nu bulucun teu boga nanaon! NL nagara sagede pelok bari teu
boga sumber alam bet bisa mucunghul deui boga kakawasaan ekonomi anu
gede! Sistem anu dipake di NL harita lain sosialismeu ala Jerman Wetan
misalna, tapi kapitalismeu make oposisi sosialismeu. Mun make sistem
nu tibalik moal boa siga Kuba ayeuna?

Kuring teu anti sosialismeu. Ngan anu jadi ganjelan keur kuring mah,
can aya atawa nempo hiji SUCCESS STORY ieu sistem di ieu kolong
langit. Atawa kuring kapeungpeureunan kitu ku kapitalismeu kitu? ;))

Anu jadi itungang keur kuring mah... kumaha cara na sangkan rahayat
RAHARJA! cara na mah kumaha we lah! :)))

baktos,

Rahman

Reply via email to