kang rahman, ari di lembur kuring, di pawetanaan sumedang mah baong
teh kekecapan nu sok dipake ka budak, sarua jeung bobo atawa emam,
saharti jeung bangor.

On Wed, Jun 25, 2008 at 2:17 PM, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Sabenerna harti kecap 'baong' anu asal teh: lolong, teu ningali atawa
> kurang bisa nempo sacara fisik. Harti dasar eta kecap bet robah jadi :
> badeur, bangor, nalaktak.
>
> Anu jadi kapanasaran kuring, saha nya anu ngamimitian mere harti baong
> jadi nalaktak? Iraha mimiti na?
>
> Anu kuring inget mah, mimiti nyaho kecap 'baong'dina harti badeur teh
> jaman kuring masantren di Bdg. Mimiti na mah teu ngarti, aya budak
> bisa nempo disebut baong.
>
> Tina lolong jadi badeur.... kumaha nya proses na?;))
>
> baktos,
>
> Rahman
>_



-- 
d-: dudi herlianto :-b
~karék cénah~

Kirim email ke