Ceuk beja, dina sajarah Islam aya hiji pangadilan/putusan perkara
batal kulantaran kabuktian anu jadi hakimna kungsi dibere nginjeum
payung - nalika inyana kahujanan - ku anu jadi terdakwana. Tangtu, eta
teh lain aturan, da moal enya undang-undang bet ngatur nepi ka soal
kumaha lamun hakim kahujanan. Tapi, anu kitu kaasupna etika (hukum)
anu dijadikeun dasar pikeun mutuskeun hiji perkara. Logikana gampang
kaharti: lamun hakim geus ngarasa kahutangan budi ku anu jadi
terdakwana, tangtuna oge dina mutuskeun perkara keur eta si terdakwa
teh geus moal clik putih, clak herang. alias hese dijamin adilna.

Hiji etika luhur anu dijungjung luhur ku msyarakat tangtu ngarongheap
tina perilaku atawa kabiasaan masyarakat sapopena. Dina nyanghareupan
kajadian anu tumiba ka kajaksaan urang akhir-akhir ieu nya ieu ingetan
malikan deui kana lalakon hakim anu kahujanan laju dibere nginjeum
payung laju putusanana dibolaykeun. Oge, lalakon kaayaan jaman Sunda
keur ayem tengtrem, adil ma'mur gemah ripah lain bobohongan sakumaha
kapotret dina naskah kuno (anu geus ditarjamahkeun). Ceuk eta naskah,
sakitu tengtremna kaayaan masyarakat nepi ka suluh atawa bubuahan di
leuweung aman moal aya nu maok upama geus dicirian (naha ditalian
saeutik, jsb). Ari ayeuna...? Gusti...anu can dirician dijarah, anu
geus dicirian ari nu bogana keur bongoh mah nya dipaok.

Lingkaran syaiton antara penguasa jeung rahayat teh dina lebah dieu
memang kompleks. Ngan cenah, ari rahayat mah kumaha nu ngawasana. Ceuk
istilahna mah ari angonan mah kumaha budak angonna. Dititah ngawes-wes
jukut hejo pipir imah nu bogana, nya kadinya nyatuanana, sabalikna,
diumbar mahpal tutuwuhan di pakarangan nu lian nya ka eta oge anu
kajadian. Matak diistilahkeun dina wangsit oge "budak angon" tea jeung
disimbolkeun ku domba emas (domas). Salaka domas teh diantara
tafsiranana nya pesen ieu pisan: kudu ati-ati dina enggoning ngurus
rahayat, kudu nempatkeun urusan rahayat teh salaku pangluhurna
(pernahkeun di Sangga Cakrabuana) jeung kudu dilakonan kalawan tohaga
unggal poe (saminggu 7 poe: jeung tihangan ku ruyung anu tujuh).

Tah, kaayaan hukum - atawa jembarna- kaadilan di nagara urang oge teu
beda ti kitu, ti lalakon angonan tea. Geus dicontoan salila 32 taunan
kaadilan teu bener-bener diajegkeun ku anu nyekel kakawasaan, teu aya
kasus badag anu bener-bener direngsekeun, jeung sajabana perilaku KKN,
antukna malindes ka kajaksaan agun sorangan. Para inohong jaksa muda
harepan kaadilan nagara jeung kumna masyarakat Indonesia ayeuna bet
neangan modal (duka usaha jual beli permata, duka usaha bengkel, anu
jelas , kehed teh bisa pisan eta awewe pinuh ku wedak ngulak-gilek
kekecapan) ka nu keur berperkara. Halah, ieu mah lain wae payung atuh.
Boa-boa nya...heuheu...lain wae payung, lain wae modal usaha, balikta
nepi ka ...ah teu wasa .nyebutkeunana ...disuguhkeun ku para pencari
keadilamn sepihak teh. Atuh pon kitu deui, ditarampi wae ku pra
penegak keadilan naon anu jadi eupan teh.
Emh....Indonesia...bener-bener keur aya dina kaayaan darurat ningal
kitu mah.

Mangga, diantos usulan ti sadayana keur ngomean kaadilan di nagara
urang anu geus sakitu gawatna (eta geura emut-emut rekaman teteleponan
antara saurang jaksa muda jeung nyi artalyta, mani sakitu deuheusna
eta jaksa ka si neng camberok wedak. sigana leuwih deuheus ti ka
atasanana atawa ka Presiden anu ngangkatna).

manAR

Kirim email ke