> From: richadiana kartakusuma
> teteh di Indonesia ge seu-eur, ngan nyumput...

Ari kuring mah Ambu, satuju jeung Kang Rahman yen sifat homoseks teh kabawa 
ku turunan, tapi satuju oge ceuk Kang Dian, yen homoseks teh bisa kulantaran 
lingkungan (Kang Dian nyebutna atikan). Homoseks akibat DNA nu "error" 
sigana mah hese kudu kumaha menerkeunana da moal enya jelema nu geus "jadi" 
kudu ditumpurkeun mah, manusa tetep manusa sanajan boga kalakuan nu "beda" 
oge. Nya duka ari kahareup mah, meureun  bisa mariksa embryo jelema, engkena 
jadi gay atawa moal. Embryo pibakaleun gay mah, meureun bisa dimusnahkeun. 
Keun we bagean kang Kumi eta mah, rek sakola ka Walanda lin, Kang Kumi?

Homoseks oge bisa mucunghul akibat lingkungan. Faktor-faktorna seueur, salah 
sahijina KAISOLASI ti lawan jenis. Geus lain beja deui, di panjara homoseks 
sering kajadian. Kitu deui di tempat-tempat dimana aya isolasi ka lawan 
jenis. Cenah, di asrama sakola nu muridna lalaki wungkul atawa awewe 
wungkul, sering kajadian "perilaku homoseks" antara murid. Contona di sakola 
Katolik anu ketat atawa di Pasantren!.

Carmen Bin Laden  ( Minantu pangusaha Arab Saudi jeung iparna Osama bin 
Laden)n dina buku otobiografina nyebutkeun kaum gay di Arab Saudi leuwih 
loba tibatan di Eropa. Bisa wae Carmen ngagede-gedekeun hal ieu, tapi 
perkara perilaku homoseks di Arab Saudi loba caritana, pangpangna dongeng 
para TKW jeung TKI nu marulang ka Indonesia. Tangtu teu aya data resmi ti 
pamarentah Arab Saudi, sabab nagara eta tertutup pisan kana masalah ieu. 
Kunaon loba urang Arab Saudi boga kalakukan minculak kitu? Akibat aturan nu 
NGISOLASI teu meunang gaul jeung lawan jenis.

Jadi, hiji aturan nu ngalawan fitrah (insting)  manusa, bisa ngakibatkeun 
manusa eta robah kalakuanana tinu wajar, jadi teu wajar .....

Baktos,
WALUYA




Kirim email ke