Budak Baong :
>  Cik atuh kang, kinten-kinten naon buktina AQ ti Allah teh.... lamun ningali
>  saliwat mah bukti sajarahna jiga nu ku sim kuring disebat di posting kari.
gusaeni :
Perkawis asal muasal Al-Quran kantos dibahas di milis US, bilih kang
baong teu acan terang ieu di copas ku abdi :

Kamungkinan asal muasal Al-Quran aya 3 :
1. Al-Quran jieunan urang arab, sabab bahasana arab jeung turun
diarab.

2. Al-Quran Jieunan Muhammad, sabab manehna nu mamawa Quran

3. Al-Quran bener-bener ti Alloh.

Aya kamungkinan nu sanes ??


1. Pamaggih anu nyebutkeun Al-Quran Jieunan urang arab ieu pamanggih
anu salah, naha ?
Sabab Al-Quran nangtang bangsa arab keur nyieun tandingan Al-Quran :
Dina surat Hud ayat 13 :
"Omongkeun : datangkeun 10 surat anu bisa nyaruaan Al-Quran"

Dina Surat Yunus ayat 38 :
"omongkeun:(Lamun bener anu anjeun omongkeun), coba datangkeun hiji
surat wae anu sarupa"

Tah urang arab dugi ka ayeuna teu bisa nyambut kana tangtangan eta,
hartina pamanggih yen Al-Quran jieunan urang arab katolak. Asup akal
sabab urang arab teu bisa nyieun kita anu samodel Quran.

2. Pamanggih anu nyebutkeun Quran jieunan muhammad oge salah, naha ?
Sajenius-jeniusna Muhammad, manehna tetep urang arab. Dinu kamungkinan
ka hiji urang arab (lain saurang dua urang) teu bisa nyambut ka
tangtangan Alloh, jadi asup akal lamun Muhammad anu Sorangan
tangtu moal bisa.

3. Tah tinggal kamungkinan ka tilu, yen Al-Quran ti Alloh.
Tah ieu nu bener, lamun lain ti urang arab, lain ti Muhammad, nya timana
deui eta Al-Quran Ari lain ti Alloh.
Alloh ngajangjikeun keur ngajaga kamurnian Al-Quran tepi ka Ahir
jaman, ieu kabuktian nepi ka ayeu Al-Quran teu aya parobahan, eusina
tetep sarua. Sok sanajan kelompok beda-beda, bisa Sunni, Syi'ah, NU,
Muhammadiyah jeung nu sejena, eusi Al-Quran-na sarua. Beda jeung agama
nu sejen.
Ieu beuki nguatkeun yen Quran bener-bener ti Alloh.

Lamun urang geus ngabuktikeun ku jalan kieu, Insya Alloh kaimanan
urang ka Al-Quran sanes kaimana nu dipaksakeun(Dogmatis). Tapi kaimanan
anu tos bisa dibuktoskeun
>  
>  -- 
>  Budak Baong tea
>  Go Blog: http://budakbaong.wendy.web.id

wassalam
-gusani-



Kirim email ke