Ki Santang Jeung Bangsana

·       Santang,pamingpin ti salah sahiji bangsa jin,hiji nagari nu
dipikanyaho ku bangsa  Ki Baduga. Ka iket ku jangji. Jangji sosobatan.
Lain jangji nu diharamkeun ku Qur'an. Ulah dibolokotan ku kapercayaan
nyimpang. Nu matak ngarusak kaimanan. Anggur geura buru
teangan,Katerangan Nu Bisa Jadi Puntangan.

·       Hiji mangsa,salah sahiji nyarita. Kunaon bet bangsa kuring nu kerep
disalahkeun ? Bangsa kuring jeung anjeun sarua. Boga anak,boga
kulawarga. Dahar,nginum,nyeri,gering,bungah,neangan rejeki,maot… Naon
bedana jeung aranjeun ? Teu pantes ngan ukur
disalahkeun,digogoreng,difitnah…

·       Kawajiban kuring sarua,ibadah,nu daek ibadah…Ulah ngamulyakeun
bangsa kuring,nyembah,atawa ngagantungkeun nasib,nanya mangsa
kahareup…da bangsa kuring ge sarua teu nyaho. Mun aya nu mere nyaho ti
bangsa kuring (nu jiga tadi disebutkeun),ngan ngabobodo,ulah di
denge…Anggur urang babarengan muntang ka Allah SWT.

·       Kuring jeung anjeun beda alam,lain goib. Ngan kuring teu eces
katingali. Tapi lain teu bisa panggih. Bangsa kuring jeung anjeun nu
bener akidahna moal sagawayah manggihan atawa cumarita,da teu meunang
cuek agama. Saha nu sagawayah ? Nyaeta jin atawa manusa nu teu milu
aturan agama.

·       Umur urang sarua,pondok. Ngan kusabab beda alam kuring jiga hirup
leuwih lila. Keur tapakurankeuneun meureun. Kuring gancang mun
ngalengkah ? Enya mun di alam anjeun. Di alam kuring nya saayana.
Sakali deui kuring menta aranjeun bangsa manusa ulah loba
kapengkolkeun kayakinan. Ulah kabobodo.

·       Teu sakabeh bangsa kuring bisa atawa kungsi manggihan bangsa anjeun.
Kitu deui sabalikna. Saha nu bisa ? Urusan Nu Kawasa.

·       Euweuh kadaharan anjeun nu bisa didahar ku kuring. Kuring cenah
dahar tulang ? Atawa kuring dahar manusa hirup da aya tulangan. Henteu
pisan. Jadi jang naon anjeun mere sajen ka kuring ? Da moal dihakan.
Teu bisa. Nu aya musyrik,doraka paling gede. Kalah meunang murka.


Reply via email to