Ku Mang Ucup
Tanggal 26 Februari 2005 pribados ngawitan midamel seratan ngeunaan Walisongo. 
Ngalangkunan waktos 3 tahun dina ping 28 Februari 2008, eta seratan teh 
dianggit deui ku alpukahna saderek Wal Suparmo kalayan dimuat dina Serat Kabar 
Suara Merdeka. Eta guaran Walisongo teh, estu seratan sim kuring sorangan, 
hasil panalungtikan pribadi tina sababaraha referensi sareng pustaka nu aya di 
Leiden sinareng Den Haag.  

Aya gerentes tumaros dina sanubaring ati, naon margina umat Muslim umumna 
ngaraos gerah sinareng hemeng, upami ngadangu yen Sunan Walisongo teh estuning 
asli urang Tionghoa. Padahal Kangjeng Rosululloh Nabi Muhammad SAW kantos 
cumarios sareng nganjurkeun ka umatna supados motekar ngulik elmu pangaweruh, 
sanaos dugi nagara Cina (Al-Hadits). Kanggo urang Indonesia mah, geuningan 
henteu kantos marios ka nagri Cina, jalaran Urang Tionghoana kuanjeun nu 
parantos sarumping ka Indonesia.  

Pamadegan kitu teh kantos diungkab ku Prof Slamet Mulyana dina bukuna 
”Runtuhnya Kerajaan Hindu-Jawa dan Timbulnya negara-negara Islam di Nusantara.” 
Namung dina tahun 1968 buku eta diwagel sumebar ku Pamarentah, jalaran masalah 
eta kalintang pekana,  aya pakuat pakaitna sinareng masalah SARA. Kunaon kitu 
atuh? 

Mangga tiasa dilenyepan, geuning nu munggaran ngadegkeun karajaan Islam di Jawa 
teh taya sanes dalah urang Tionghoa. Malahan nu wiwitan jumeneng Sultan na ge 
pan urang Tionghoa nu jenengan Chen Jinwen alias Raden Patah, alias Panembahan 
Tan Jin Bun/Arya (Cu-Cu). 

Walisongo atanapi Walisanga teh ngandung hartosna salapan (songo) Wali. Nanging 
aya oge nu kagungan pamadegan sanes, yen Songo teh asalna tina kecap tsana nu 
hartosna mulia dina bahasa Arab. Pamadegan sanesna nyebatkeun rehna songo teh 
awit kecapna tina sana dina basa Jawa nu pihartoseunnana “tempat”. 

Sadaya para Wali teh kagungan gelar Sunan nu hartosna guru agama atanapi 
ustadz. Nanging kecap Sunan saleresna mah dicandak tina kecap Suhu/Saihu, nu 
ngandung hartos guru dina dialek basa Hokkian, jalaran marantenna teh taya 
sanes nyeta guru-guru Pasantren Hanafiah ti mazhab Hanafi. “Su” singketan tina 
kecap “Suhu”. “Nan” hartosna kidul. Marantenna teh taya sanes nyeta panganut 
mazhab Hanafi nu asal muasalna ti wilayah Tiongkok palih kidul. 

Peryogi kauninga, rehna kecap “Kyai” teh nu kiwari seueur digunakeun, taya 
sanes  sesebatan kanggo Guru agama Islam. Dina jaman Jepang katompernakeun mah 
masih keneh dianggo pikeun sesebatan Lalaki Tionghoa Totok, sapertos panggilan 
“Encek”. 

Aya deui hiji hal nu mugia janten uninga, rehna anggoan muslim nu disebat Gamis 
tea nu sok diaranggo ku kaom muslim Indonesia dina waktos ibadah netepan 
utamina upami bade netepan jamaah di Masjid. Anggoan eta teh mani sarimbag 
pisan sinareng anggoan tradisional asli China. Kitu deui baju Koko sareng ketu 
bodas atanapi nu disebat topi haji tea, eta ge saleresna mah kawit buitna teh 
ti China, jalaran di nagara Islam mah atanapi Timur Tengah anggoan kitu teh teu 
aya. 

Aya paripaos kanggo nyucruk galur nu kapungkur mapay laratan sajarah, Walisongo 
teh diadegkeunnana ku alpukahna Sunan Ampel dina warsih 1474 M. Aya salapan 
Waliyullah dina Walisongo teh nyaeta nu disebatan dihandap ieu:

Sunan Ampel alias Bong Swie Ho 
Sunan Drajat alias Bong Tak Keng 
Sunan Bonang alias Bong Tak Ang 
Sunan Kalijaga alias Gan Si Cang 
Sunan Gunung Jati alias Du Anbo – Toh A Bo 
Sunan Kudus alias ZhaDexu – Ja Tik Su 
Sunan Giri adalah cucunya Bong Swie Ho 
Sunan Muria 
Maulana Malik Ibrahim alias Chen Yinghua/Tan Eng Hoat.  

Sunan Ampel (Bong Swie Ho) alias raden Rachmat dibabarkeunnana teh dina warsih 
1401 di Champa (Kamboja kiwari). Mantenna sumping ka tanah Jawa dina warsih 
1443. Dina waktos harita di Champa kalintang seueurna urang Tionghoa Muslim anu 
marukim di dinya. Dina warsih 1479 Sunan Ampel ngadegkeun Masjid Demak. Oge 
mantenna pisan nu ngarancang pikeun ngadegna karajaan Islam wiwitan di Jawa nu 
puseur dayeuhna aya di Bintoro Demak. Lajeng diistrenan Raden Patah alias Chen 
Jinwen – Tan Jin Bun salaku Sultan munggaran. Mantenna teh putera pituin ti Cek 
Kopo di Palembang. 

Urang Portugis ngalandi Raden Patah teh ku sesebatan ”Pate Rodin Sr” salaku 
”Persona de grande syso” (insan nu kalintang wijaksana) atanapi ”Cavaleiro” 
(bangsawan nu mulia). Nanging bawiraos kitu, urang Walanda mah kirang percanten 
upamai Sultan Islam wiwitan di Jawa teh bibit buitna urang Tionghoa. ”Ma enya 
sultan Islam wiwitan teh urang Tionghoa?”. Karaguan eta, balukarna Residen 
Poortman 1928 mancen tugas ti pamarentahan Walanda nu kedah ngayakeun 
panalungtikan nu saestu: Naha leres Raden Patah teh urang Tionghoa? 

Poortman dipasihan tugas kedah ngagaladah Kelenteng Sam Po Kong, sareng ngasab 
alias nyita sagala naskah basa Tionghoa, nu yuswana parantos 400 tahun 
langkung. Seueurna nu dicandak teh kirang langkung tilu padati. Arsip-arsip 
Poortman eta teh dikutip ku Parlindungan nu midamel buku sajarah karajaan Islam 
wiwitan. Salajengna, buku eta teh seueur disitir ku Tuanku Rao sinareng Slamet 
Mulyana, nu pada-pada maridamel buku. 

Nu ngabukteuskeun yen Raden Patah teh leres-leres urang Tionghoa, tiasa 
ditingal sareng diaos dina Serat Kanda Raden Patah nu kagungan gelar Panembahan 
Jimbun. Dina babad Tanah Jawi disebat salaku Senapati Jimbun. Kecap Jin Bun 
(Jinwen) dina dialek Hokkian ngandung  hartos ”manusa kuat”. 

Raden Patah kagungan putu nu dijenenganan Sunan Prawata alias Chen Muming/Tan 
Muk Ming, nyaeta Sultan pamungkas ti Karajaan Demak. Mantenna kagungan ambisi 
kanggo nga-islamkeun sadaya masyarakat pulau Jawa. Saupami pamaksadannana 
hasil, tiasa janten mantenna janten ”Segundo Turco” (Sultan Turki ka II), 
atanapi sapertos sultan Turki Sulaeman I, nu tos kasohor komara sinareng 
kajembarannana. 
 

Sumber utami:

D.A. Rinkes: The heiligen van Java. 
Jan Edel: Hikayat Hasanuddin. 
B.J.O. Schrieke, 1916 The Admonitions of Sen Bari: a 16 th century Javanese 
Muslim text attributed to the Saint of Bonang, the Haque: Martinus Nijhoff. 
De Graaf and Pigeaud: De eerste Moslimse Vorstendommen op Java – Islamic states 
in Java 1500-1700. 
Amen Budiman: Masyarakat Islam Tionghoa di Indonesia. 
Prof. Slamet Mulyana: Runtuhnya Kerajaan Hindu-Jawa dan Timbulnya Negara-negara 
Islam di Nusantara.  
 
Mang Ucup
Email: [EMAIL PROTECTED]
Homepage: www.mangucup.net



      __________________________________________________________
Gesendet von Yahoo! Mail.
Dem pfiffigeren Posteingang.
http://de.overview.mail.yahoo.com

Reply via email to