Wilujeng gabung didieu Mang Ucup..
Sok tong asa-asa Mang.., didieumah tiasa ngacaprux sakadaek, teu aya aturan nu 
jelas,  teu aya moderator, dipiwarang ngatur nyalira we hehehe..
Nu ngadamel ieu milis kaleresan urang Walanda oge, Kang Rahman, boa tatanggana 
Mang Ucup :-))
Sae Mang, emut keneh ka basa Sunda, sanaos tos 40 taun linggih di LN.

Baktos,
Maria

  ----- Original Message ----- 
  From: mangucup88 
  To: Baraya_Sunda@yahoogroups.com 
  Sent: Wednesday, July 16, 2008 11:04 AM
  Subject: [Baraya_Sunda] Sampurasun...Nepangkeun - Mang Ucup


  Sampurasun.
  Para wargi sadaya nu ku sim kuring dipikahormat. Unjuk uninga, wasta
  pribados teh mang Ucup. Kawit ti Bandung nu kiwari ngumbara di nagri
  Belanda, kirang langkung tos 40 tahun langkung. Alhamdulillah umur
  mah tos cueut ka hareup, 66 tahun. Pun bojo asal Semarang. Anak
  sinareng incu mah tos reuay. Isin nyebatkeunana.

  Taya sanes pamaksadan teh, sajabina bade silaturachmi, oge aya
  pamundut hoyong ngiring ulubiung, ngareuah-reuah dina kagiatan Milis
  Urang Sunda. Manawi bahan katampi. Pangemut pribados, mudah-mudahan
  teu lepat, Milis Urang Sunda teh mangrupikeun hiji wadah para
  intelektual Sunda nu reueus kagungan perhatosan kana budaya Sunda.

  Kukituna, pribados ngintunkeun naskah ka Milis Baraya Sunda
  nganggo basa Sunda. Etang-etang diajar wae. Namung hapunten,
  malahmandar aya basa nu garihal, teu payus kana undak usukna. Sanaos
  ari cumarios sadidinten mah, sareng bojo miwah pun anak, berekah
  pribados teh sok nganggo basa Sunda. Sanaos bari rada amburadul oge.

  Hapunten anu kasuhun, kaluhur sausap rambut kahandap sausap dampal,
  malah mandar engke seseratan pribados kapayun, tangtos seueur
  kakirang sareng lepatna. Tetebiheun atuh kana sae sareng leres mah.
  Mugia ngamaklum bae.

  Rupina sakitu wae pamundut pribados. Papungkas catur, taya sanes
  hatur nuhunsarebu kali nuhun kana perhatosan sinareng panampianana
  para wargi sadaya di Milis Baraya Sunda.

  Rampes,
  Mang Ucup.
  Nu teu weleh nineung kana kasundaan
  Email: [EMAIL PROTECTED]
  Homepage: www.mangucup.net



   
No virus found in this incoming message.
Checked by AVG - http://www.avg.com 
Version: 8.0.138 / Virus Database: 270.5.0/1555 - Release Date: 2008-07-16 06:43


[Non-text portions of this message have been removed]

Reply via email to