Tina Multiply na Kang Hadi Sukoco

Ari "Bener" ceuk jelema nu mana?        Jul 23, '08 5:31 PM
for everyone
Ari "Bener" ceuk jelema nu mana? Kacaritakeun hiji budak keur neangan
"Bener" nu sok biasa diaku ku manusa teh siga kumaha. Alatan can bisa
manggihan antukna eta budak teh nanya ka bapana. Ceuk bapana ka eta
budak "Jang sabenerna nu ngaranna Bener teh teu aya, bisi Ujang hayang
ngabuktikeun mah, hayu isukan jeung bapa urang teangan, miang ti dieu
bari mawa kuda wanci haneut moyan sangkan teu kaburitan dina
mulangna". Poe isuk wanci haneut moyan eta budak jeung bapana teh geus
tatahar pikeun miang neang nu ngarana "Bener Tea". si budak nungtun
kuda bari di aping ku bapana. Memeh asup ka hiji kampung, katingali di
wates kampung jalma-jalma keur ngariung. sabada sasadu liwat ka ka nu
keur ngariung, teu kahaja ieu budak jeung bapa ngadenge aya nu
nyeletuk nyarita di antara nu ngariung, pokna "Dasar jelema teu boga
pikiran, boga kuda teh lain ditumpakan, ieu mah kalah laleumpang bari
nungtun kuda, kacape-cape". Ngadenge kitu teu kungsi lila si bapa
nyarita ka budakna "Tah gening Jang, geus datang nu ngaran bener teh,
cenah nu bener mah urang teh kudu numpakan ieu kuda". Atuh teu
dililakeun deui, ieu bapa jeung budak teh tunggang kuda bari terus
naratas jalan pakampungan. Barang liwat deui ka nu keur ngariung,
kadenge aya deui nu nyarita pokna "Beu, meni taya rasrasan eta jalma
duaan, kuda sakitu letikna ditumpakan ku jalma sadua-dua". Ngadenge
kitu, Bapa ieu budak teh ngarandeg bari pok deui ka budakna. "Jang,
gening salah urang teh, ceuk beja bieu urang teh taya rasrasan pedah
kuda ditumpakan ku duaan, kumaha atuh mun ayeuna mah Ujang we nu
numpak, keun bapa nungtun". Saharita keneh si bapa turun terus
leumpang bari nungtun kuda nu ditunggangan ku budakna. Teu kungsi
lila, ieu budak jeung bapa teh ngaliwatan pasar nu pinuh ku nu
daragang jeung nu mareuli, ma'lum pasar ngarana ge. Kadenge deui
galocokna jalma nu di pasar ngomongkeun budakna, majarkeun teh budak
campelak jeung cumantaka, ngeunah-ngeunah nunggang kuda ari bapana
dititah nungtun kuda. Ngarasa aya nu salah, si bapa ngabejaan budakna
sakumaha caritaan jalma-jalma nu dipasar. Budakna nyarita "Pami kitu
mah, wios Bapa wae nu tunggang, keun Ujang nu nungtun kuda". Ayeuna
jadi tibalik, si bapa nunggal kuda, budakna anu nungtun. Barang geus
rek tepi ka tungtung pilemburan, psangrok deui jeung jalma ragem nu
tas baralik ti sawah. Kadenge deui aya nu nyarita "Dasar Bapa teu boga
kanyaah, ucang angge nungtgang kuda ari budakna nu bolon keneh dititah
nungtun kuda". Ceuk bapana ka budakna "Jang, kadangu nembe kumaha?".
budakna ngajawab "Muhun kakuping Bapa, gening lepat deui urang teh".
Rengse kaluar ti pilemburan, Bapa jeung Budak teh reureuh heula
handapeun tangkal caringin, sasatna ngareureuhkeun heula kacape. teu
kungsi lila bapana nyarita deui "Cik Jang, ku Ujang cobi wincik deui
hiji-hiji kajadian nu tas kaalaman ku urang duaan, ti mimiti miang
dugi ka rengse kaluar ti ieu pilemburan. Kira-kira ceuk Ujang omongan
Jalma-jalma teh Bener atawa Salah?". Budakna ngahuleng sabab teu
ngarti naon pangna jalma-jalma nu mere katerangan bet barareda.

http://abahhadi.multiply.com/journal/item/42?mark_read=abahhadi:journal:42

Kirim email ke