Ngalangkungan ieu surat, simkuring Mang Ucup seja nandeskeun sarta
ngajangjikeun yen dina jangka waktu sajam nu bakal sumping, salira
bakal tos tiasa diajar sarta ngajalankeun elmu "NGALUARKEUN SUKMA".
Hebring, pan?

Dijamin 100%. Pami teu tiasa, Mang Ucup kersa dihukum rajam! Dina
jangka waktu sajam, sadaya nu maca - teu aya iwalna - bakal parantos
tiasa diajar sarta ngajalankeun elmu ngaluarkeun sukma tina raga,
dijamin. Ieu sanes mung meureun, tapi tiasa saenggalna dipraktekkeun
turta dibuktikeun ayeuna keneh. Gombal!

Upami salira henteu percanten, cobian nelasan maneh ku cara nuang
Baygon saember. Moal lami sukma salira bakal ngalayang KALUAR MISAH
tina raga salira.

Eta mah sadayana ge uninga, yen dina hiji mangsa urang bakal maot
sarta jiwa urang bakal misah tina raga. Malah panginten eta jiwa bakal
nyarios "Sayonara" alias moal wangsul deui ka jero raga urang, namina
oge tos maot.

Ke, sabar heula..! Mang Ucup - tadi mung ngajangjikeun yen unggal nu
maca bakal tiasa diajar elmu NGALUARKEUN sukma, sarta tetela ieu leres
100%!

Janten sanes bohong yen Mang Ucup tiasa ngajarkeun ka unggal jalmi
cara misahkeun jiwa tina raga! Nu Mang Ucup teu acan tiasa mah ngatur
kumaha carana supados ieu eta jiwa tiasa sarta kersa wangsul deui kana
raga urang. Janten elmu anu nembe teh mung elmu "one way ticket",
sanes elmu "return ticket"!

Elmu "return ticket" atanapi out of body experience (OBE) atanapi
sering oge disebat "separation" teh elmu tata cara ngatur supados
sukma urang tiasa kaluar jalan-jalan tina raga, sapertos jalmi mati
suri, sarta - anu langkung penting - tata cara ngatur supados eta
sukma tiasa sarta kersa leber deui kana raga urang. Kanggo salajengna
urang sebat bae ieu elmu teh elmu OBE.

Panginten salira henteu percanten yen OBE teh leres ayana sarta tiasa
prak dipidamel. Kanggo anu teu acan percanten sarta palay ningal heula
kuanjeun, mangga nongton DVD pilem anu judulna "Ghost Dad" anu pamaen
utamana Bill Cosby. Dina eta pilem ditembongkeun kumaha prakprakanana
jalmi tiasa milampah OBE. "Eta mah pilem atuh, Mang Ucup. Sanes
kanyataan!" Ahli parapsikologi di dieu parantos nguji sarta
ngabuktoskeun yen OBE teh leres aya turta tiasa dijalankeun, sanes
ukur dongeng atanapi rahul wungkul.

Kumaha carana sangkan urang tiasa ngaraoskeun OBE? Umumna mah urang
tiasa ngiring ngarasakeun nalika jiwa urang kaluar tina raga. Nete
unggal hambalan, urang tiasa ngarasakeun awak jadi tiis jeung kaku,
sapertos lumpuh. Dimimitian tina sampean, naek ka luhur ka mastaka.
Saparantosna eta, urang bakal ngaraos hampang, malah tiasa ngalayang
kaluar tina raga. Urang bakal tiasa ningal awak urang boh ti luhur
atanapi ti gigir. Ngawitanana mah urang teu percaya tiasa hiber turta
ngalayang, tapi buktosna kalah tiasa nembus tembok!

Urang bakal tiasa ningal sagala kajadian di sakurilingeun urang, tapi
mung tiasa lalajo. Urang nu nuju ngalaman OBE moal katingal sarta moal
kadangu ku aranjeunna, sarta urang moal tiasa noel naon-naon oge. Hal
eta kumargi urang ukur jiwa nu keur jalan-jalan tanpa raga.

Iraha urang tiasa ngalaman OBE? Nalika nuju kulem, tapi seringna mah
upami nuju setres, teu damang wales, atanapi nuju kapiuhan. Tapi
numutkeun panalungtikan, OBE ieu tiasa ngahaja dihontal sakumaha
kahoyong, sanes ukur kaleresan, nyaeta dina mangsa nuju tatapa atanapi
nuju ngosongkeun emutan/pikiran. Jalmi nu tiasa ngosongkeun emutan
bakal langkung gampil diajar ngosongkeun ragana.

Naha leres manusa mibanda kamampuh ngalaman OBE? Simkuring bade
ngadugikeun cariosan sababaraha jalmi anu kantos ngalaman OBE kalawan
teu ngahaja.

Saurang mahasiswi Indonesia di nu nuju sakola di Leiden - Walanda,
hiji mangsa ngaraoskeun asa kasumpingan ibuna nu aya di Jakarta,
Indonesia. Anjeunna tiasa ningal kalawan atra yen ibuna sumping ka
bumina, sanaos mung etangan sababaraha detik. Nu aheng, kajadianana
teh lumangsung tengah poe ereng-erengan. Saatos eta kajantenan,
anjeunna langsung nelepon ka Jakarta. Kulawargina anu di Jakarta
rareuwaseun, naha anjeunna bet tiasa uninga yen ibuna nuju di rumah
sakit alatan teu damang wales, padahal teu aya nu ngawartosan. Naha
mungkin ibuna ngalaman OBE, jalan-jalan ka Walanda pikeun ningal putra
kameumeutna?

Jalmi anu mati suri oge saleresna tiasa disebat OBE, kumargi jiwana
tos kaluar tina ragana sanaos mung sakedap.

Seueur jalmi nu ngalaman OBE nalika nuju dioprasi. Sanaos nuju dina
kaayaan teu sadar kumargi dibius, tapi seueur anu tiasa ngadongengkeun
kalawan jentre kajantenan salami lumangsung oprasi. Malah seueur oge
anu ngadon jalan-jalan kaluar ti rumah sakit, sarupaning sindang ka
bumi wargi atanapi para sobat dalitna. 

Pami urang jujur, urang oge sering ngimpen aya di hij itempat atanapi
pendak sareng hiji jalmi. Eta impenan atra pisan, sahingga urang jadi
bingung naha eta teh kanyataan atanapi leres ukur impenan. Nuju alit
keneh, simkuring sering ngalaman hal-hal anu arendah. Nalika kitu,
simkuring sok nyiwit leungeun sorangan, kanggo mastikeun yen ieu teh
leres kajantenan, sarta sanes wungkul dina impenan (OBE).

Ku kituna, urang salaku manusa taya lepatna gaduh bakat sareng
kamampuh ngalaman OBE. Namung, naha ieu OBE tiasa dileukeunan?
Simkuring teu tiasa ngawaler kalawan pasti, sanaos anu "one way
ticket" mah tangtos sadayana ge tiasa.

Anu matak panasaran teh, upami hiji jalmi tiasa ngatur kaluar-asup
sukma tina ragana, kacipta pilieureunana ieu dunya!

Kumaha upami kontrak urang sareng Pangeran tos nincak kana mangsana,
sahingga jiwa urang kedah kaluar tina raga? Jalmi anu betah hirup
sareng hoyong salawasna hirup pasti bakal satekah-polah balik deui
kana ragana, alias henteu maot-maot! Atanapi kalah luncat ka raga anu
sanes?

Kanggo panutup, Mang Ucup neda sihapunten saupamina seueur anu ngaraos
dikuciwakeun atanapi dibobodo, kumargi simkuring teu tiasa maparin
Elmu Ngaluarkeun Sukma p.p. Tiasa soteh mung kanggo "one way ticket".
Neda maphum bae, Mang Ucup mah bodo keneh, teu acan tiasa ngawasa
saluhureun nu eta.

Mang Ucup
Email: [EMAIL PROTECTED]
Homepage: www.mangucup.net 




Kirim email ke