> From: Ema Sujalma
> leres abah Willy, simkuring ge tos deal sareng kolektor cina
> rek ka teun kuring cenah nyandak artos, eh diantosan teh can jebul-jebul
> keneh boro na mah rek nego ka bandung, sabar... we....

Keun we sing sabar Kang ...hehehe, sakapeung rejeki nu diarep-arep teh sok 
"hiber" deui. Ari babasan kuring mah nu kitu teh disebut "kembangna" 
wungkul, teu jadi buah, murudul katebak angin ........

Kang ES, kuring mah teu patos ngartos kana lukisan teh. Kungsi nempoan 
lukisan Afandi kapungkur, waktu kuring mahasiswa keneh, waktu anjeunna 
pameran di Galeri di ITB. Nu narik keur kuring sanes lukisanana, tapi 
ningali AFandina nu dikakaos jeung disarung wungkul ......

Baktos,
WALUYA 

Reply via email to