Ageman Sri Baduga Maharaja_3
Kacaritakeun Baduga mulang bari mawa kamelang,geuning manahna saparat ngalalana kalah mawa kamelang,geuning nu tadina tandang malik jadi manggul kahariwang,Baduga beak dengkak mulak-malik uteuk jang ngalaeungitkeun nu jadi baluang. Dimimitian ku tekad awaking hayang ngudag nu sajati,Baduga mulang ka lembur mawa hiji bukti,yen diri manusa sakumaha wae disebutna sakti,euweuh nu bisa nandingan ajaran ieu nu bakal mawa mukti. Bari ngaliwatan poe-poe nu jadi sesa,Baduga ngamimitian muka hate jang papatah Nu Maha Kawasa,beuki jero asa beuki euweuh tangan pangawasa,hate melang bisi teu kaburu mayaran dosa. Dibarengan ku niat anu kuat,Baduga muntang menta diajar nepi ka parat,ngarah bisa bisa tengtrem nyanghareupan sakarat,ngarah kaburu keneh bebekelan nyanghareup akherat. Ku kersana Nu Maha Kawasa,sobat dalitna tungtungna balaka bari teu maksa,ngaenyakeun eta ageman jang nyalametkeun bangsa manusa,ngarah di akherat engke teu meunang siksa. Ki Santang leukeun nuturkeun ti taun ka taun nu geus kaliwat,hayang milu menerkeun kahirupan Baduga nu jadi sobat,nepi ka tinekanan baturna tobat,sujud syukur ka Allah dipaparin waktos teu nepi ka telat. Robah jaman,robah mangsa,robah cara nempo dunya,emutan Baduga teu ngan ukur ngudag-ngudag dunya,geus ngamimitian nyawang alam saenggeus alam dunya,bari diomat-omatan sobatna ulah ninggalkeun kawajiban dudunya. Baduga tungtungna nyekel pageuh ageman ka-Islam-an. Nu bakal mawa robah sajarah kahareupna rahayat Pasundan,silih genti jeung Santang nyi¢arkeun ieu ageman,babarengan naratas jalan jang ngadegkeun kabeneran. Mimiti eta Baduga ngarobah ngarana,di julukan Sunan Rohmat ayana,dimakamkeun haying jiga rahayatna,ngan ukur menta do¢a ti anak-anakna. Gelar anyar jang ngukir kayakinan anyar, Tah ayeuna geus diterangkeun Baduga teh Siliwangi nu disebut Sunan Rohmat tea. [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------------------ http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/