Ngarahul deui ah! :)) Bahasa jeung nasionalismeu memang sok leumpang sajajar babarengan. Anu jadi cukang lantaran, basa teh hiji hal anu kongkrit anu bisa meungkeut hiji etnik anu make eta basa. Ngaliwatan basa bisa dikomunikasikeun ideal na hiji etnik.
Di wewengkon Spanyol beulah kaler aya hiji etnik kuno anu kaitung misterius asal usul na anu disebut etnik Baskis. Maranaehna sorangan nyebut maneh bangsa Euskadi, basa na disebut basa Euskara. Para ahli tacan sapuk ti mana asal usul ieu etnik. Ngan aya hiji hal anu pasti, ieu etnik teh kaitung kolot pisan. Bisa jadi sabage bangsa anu mimiti nyicingan dataran Eropa. Etnik Euskadi beda jeung bangsa Eropa sejen na. Golongan darah Euskadi beda resus na jeung bangsa Eropa sejen na, nya kitu deui basa na. Teu aya kamiripan jeung basa Eropa sejen na. Ceuk cenah mah ieu basa teh aya mirip saeutik jeung basa urang Eskimo, oge jeung basa2 anu aya di Rusia. Nu mana na mah poho deui. Kuring jeung pamajikan pernh nempo hiji acara televisi di hotel make ieu basa. Mendeko bari kerung merhatikeun ieu basa. Lebeng euy teu kaharti, teu sakecap2 acan nu kapuluk bisa kaharti! Jaman pamarentah fasis Franco di Spanyol, ieu basa teh pernah dilarang teu meunang dipake. Kabeh urang Euskadi WAJIB make basa Castilia (alias basa Spanyol tea). Jaman ayeuna basa Euskara diajarkeun deui di sakola, malah mah geus dipake deui jadi basa panganteur sakola. Basa Euskara hirup deui, ditunjang ku rasa nasionalismeu di eta wewengkon. Lian gerakan nasinalismeu anu bisa, aya oge deuih nasionalismeu ekstrim ti ieu etnik. Inget kana gerakan dar der dor na ETA? Mun dongeng kuring teu nyambung jeung ieu topik, lah paksa sambungken we .... he he he. baktos, Rahman