Inget baheula, jaman HMS, teu saeutik pajabat nu ngandelkeun informasi
keur kaputusan penting di wilayah pamarentahanana dumasar ngimpi.
Contona, di hiji kabupaten, bupatina ngarobah ngaran hiji jalan
protokol di kota eta kabupaten ku jenengan isteri HMS. Saurna, eta
nami anyar keur jalan teh, nami HMS tea, kenging ilapat tina ngimpi.
Aya nu miwarang ngagunakeun nami HMS keur nami eta jalan, saurna. Aya
oge kasus-kasus ngimpi pajabat sanesna, anu mataholangna sami: kenging
ilapat sabudureun nami HMS, nami isteri HMS, jst keur memeres nagara,
jst.

Kapalihdieunakeun, metode ngimpi teh rada melempem, nepi ka runtagna
kakawasaan HMS anu geus 30 taunan umurna.Laju, di jaman reformasi nepi
ka ayeuna, hasil-hasil tina ngimpi teh loba anu dirarobah deui.
Contona, aran jalan anu aya di kabupaten kasebut di luhur geus diganti
deui ku ngaran hiji pahlawan anu asalna ti eta kabupaten, nepi ka
ayeuna. Sigana, metode informasi tina ngimpi teh khas entragan baheula
alias teu moderen, kajaba lamun ngimpina teh jenis wahyu. Tapi, pan
wahyu mah keur para nabi as.

Ari ngimpi papanggih jeung maung naon maksudna nya? Naon hubunganna
jeung sarupaning bukti?

manAR

On Sat, Sep 6, 2008 at 4:15 PM, Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kanggo Nu Hoyong Buktos
>
>
>
> Kasakur nu hayang bukti nu nyata,
>
> wayahna can waka katedunan ayeuna,
>
> kuring ngan ukur bisa nepungan kana ngimpi heula,
>
> mangrupa maung tilu rupa.
>
> 

Kirim email ke