Inget Pitaloka ?

 

Sing
     inget nu kalakonan Pitaloka,

sing inget
karajaan nu matak urang cilaka,

kudu jadi
eunteung ngarah urang teu ngalaman deui nu matak teu suka,

carita bener
ulah mengkol kudu geura dibuka. 

 

Urang hirup di
tatar milik sorangan,

urang sunda lain
bangsa patalukan,

geura jadi
pangawasa di nagari sorangan,

ulah jiga ayeuna
ngan ukur dianggap si kabayan. 

 

Teu kudu
mungkir,

anggur geura
mikir,

ulah ngan bisa
malipir,

karunya anak
incu bakal kasingkir.




      

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke