--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Dedi Supriatna" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> sapertosna, meuni resep pisan ningali FPI tunggara teh geuning.
> sanes milari terang naha buktos-buktos eta teh leres atanapi henteu,
ieu mah bet teu acan naon-naon, tos nyangki anu sanes-sanes ka Habib.
> 
> Saena sasama muslim mah silih tulungan, silih tutupan aib.
> 

Haturan Kang DS,

Milu komentar saeutik.
 
Kuring mah milu tunggara kana kaayaan umat urang ayeuna. Nu hiji hayoh
ngaku pangbenerna, nepi ka wani guplak gaplok ka nu sejen!

Kuring mah milu tunggara ka warga Ahmadiyah anu dijejeleh bebeakan!
Ngarah teu salah harti...kuring LAIN urang Ahmadiyah. Ukur MILU
ngarasa tunggara ka dulur kuring urang AHmadiyah.

Hanjakal... kuring teu jeung MOAL bisa milu tunggara ka FPI. FPI
(bukti na lain saeutik!) malah jadi sumber katunggaraan batur!

Hanjakal deui bae... kuring malah milu ngarasa aib kana kalakuan FPI.

Eta mah ngan ukur rek ngebrehkeun sikep kuring wungkul. ;))

Nu rek milu tunggara ka FPI ge nya mangga bae ketah .... :))

baktos,

Rahman

Reply via email to