> "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kumaha rame lebaran teh Kang W? Rame di jalan sigana mah? :)) 

Rame Kang, hampura kakara dijawab ayeuna, atuda kacida capena. Poean 
lebaran, jam opat sore kuring sakulawrga miang ka Bandung, datang ka 
imah jam 7 peuting. Awak kacida lungsena da maleman takbiran kurang 
sare, tapi lain ku takbiran .... sono ngobrol jeung dulur nu arang 
panggih. Pas poean lebaran, teu bisa reureuh da silahturamni kaditu-
kadieu.

Di imah, ngan sapeuting, isukna miang deui ka cibadak Sukabumi. Untung 
teu macet ti Bandung tepi ka rek ka kota Sukabumi mah, ngan waktu rek 
asup ka kota Smi, macet ti Sukaraja keneh. Kaluar ti Kota Sukabumi, 
keuna deui macet di Cisaat. Datang ka imah adi pamajikan teh geus rek 
magrib.

Isukna, tadina mah rek ulin di Smi teh, wah ningali macet dimana-mana 
mah jadi haroream kaluar, nyirekem we di imah adi, kaluar teh pedah 
jumaahan ka masjid. Balik ka Bandung peuting, jam 12 tepi ka imah. 
Beres weh acara lebaran teh ....

Ngan isukna, HP kuring disada, singhoreng KANG SETIAWAN nu di Kobe 
Jepang tea, nelepon, cenah manehna keur di Garut di mitohana. 
Ditawaran nganjang ka Bandung, tapi cenah waktuna samporet pisan, 
sabab dua poe deui (poe ieu), kang Setiawan kudu balik deui ka Jepang. 
Hanjakal pisan teu papendak, paamprok-jonghok .....


Baktos,
WALUYA

Kirim email ke