Mun Teu Dimimitian Moal Manggihan

 

Bener jeung salah ngan ukur kumaha titingalian,

kumaha
nagtukeuna mun urang acan kungsi ngalaman,

hayu geura milu
neuleuman,

ngarah ngarti
ulah nepi ka salah titingalian. 

 

Mun teu
dimimitian tetep jadi sawangan,

mun teu ngamimitian
tetep jadi lamunan,

mun teu
dimimitian moal manggihan,

mun teu
dimimitian matak jadi panasaran. 

 

Sunda kahareupna
dititipkeun ka urang,

lain ku sabab
urang leuwih tinu lian,

istuning ieu
geus jadi suratan,

ulah menta heula
anggur urang lakonan. 

 

Kuring ngan ukur
ngageuing,

sugan jeung
sugan aya pangeling,

kuring bagja mun
aya nu kageuing,

komo lamun mawa
pangeling. 

 

Kuring lain padu jeprot,

geus lila ieu ngabetot,

komo ayeuna geus nongtot,

mun ditahan matak moncrot.




      

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke